Mawar
Hideung ngarasa aya tekenan anu beurat; dadana ngarasa rada sesek; gancang wae
Mawar Hideung narik nafas panjang, bari nyoba ngalayanan eta jurus2 nu matak
ngajungkelkeun ka manehna; manehna salto sababaraha kali, pikeun nganetralisir
eta serangan. 


Hasilna !
Plak ! aduh ! plok ! dua pihakanana mundur bari rada ngahegak; nyata eta jurus 
lain
ngan ukur nguras tanaga sorangan; tapi nguras tanaga lawan oge.  


Duana sarua
pada kakeunaan; Mawar Hideung kasabet pingpingna; mani karasa rada pegel
didaerah pingping, nu ngalantarankeun gerakna jadi kurang laluasa deui.
Sedengkeun si Setan Alas kobar kasabet pisan mamarasna; nya eta palipis; atuh
rada kokoloyongan , lantaran pusing. 


Itu ieu
ngajauhan ti lawanna; lantaran masing2 sieun aya serangan susulan. Tapi nyata
duanana ge teu wani nyerang deui; maranehna ngatur napas; lantaran bieu
ngajalankeun jurus nu Kacida beuratna; boh keur dirina; boh keur lawanna. 

Mawar
Hideung bari mundur; gancang ngaluarkeun ubar balur keur ngusap pingpingna
supaya ulah karasa pegel teuing; sedengkeun Si Setan Alas Kobar;
keukeureunceuman; lantaran panenjona rada asa kaganggu ku sabab palipisna telek
pisan katinggang ku sisi tapak leungeun Mawar Hideung. Mangkaning duanana oge
make tanaga jero nu lumayan. Paling henteu 6 bagian tanaga nu dikuras di na
tarung nu bieu. 

Mawar
Hideung ayeuna ngarasa amarah; terus we maju nyamber ka Setan Alas Kobar; Setan
Alas Kobar ayeuna mah teu nyangka serangan sakitu nekadna ti Mawar Hideung
manehna kacida bungahna; terus we masang kuda2 bari ngerahkeun 8 bagian tanaga
jerona ! eta hartina Si Setan Alas Kobar nyadiakeun badanna supaya katinggang
ku Mawar Hideung; tapi bari males ku tanaga jero nu hebat pisan; salah2 Mawar
Hideung bakal cilaka. 


Tapi ayeuna
mah Si Setan Alas Kobar enyaan salah sangka; sabab Mawar Hideung ditengah jalan
ngarobah jurusna jadi Salto terus ngagibaskeun leungeunna; tilu sinar nyerang
ka Setan Alas Kobar !
HANCA
 

Kirim email ke