Baraya, wikipedia basa Indonesia osok dipake rujukan ku para panulis buku sajarah. Kuring bungah ningali tulisan sajarah dina buku SMP jeung SMA kiwari geus ngasupkeun sajarah Sunda nu leuwih euyeub. Loba di antara buku kasebut nyutat atawa nujul ka wikipedia basa Indonesia.
Ngan, poe ieu kuring reuwas mangsa nempo tulisan Kerajaan Sunda di Wikipedia Bahasa indonesia eusina digunasika, dirobah mengpar jauh ti rujukan sajarah nu aya. Cobi aos bab Etimologi dina http://id.wikipedia.org/wiki/Kerajaan_Sunda. Kuring geus lila teu nempoan wikipedia, kaasup Wikipedia Bahasa Indonesia, ngan poe ieu pangangguran nempoan eusi wikipedia sanggeus tulas-tulis di facebook Salakanagara. Salah urang sarerea (kaasup kuring) lamun informasi patali jeung Sunda dirusak ku batur lantaran teu diropea ku urang. Kamana nya kang Kumi? Sugan atuh ari kang Kumi bisa protes ka pupuhu Wikipedia Bahasa Indonesia mah masalah ieu bisa dibebener. Kuring sabenerna geus protes nulis dina kaca Pembicaraan tapi teu percaaya hal ieu bisa ngabereskeun masalah. Cag, kuring amit mundur heula. Asep
