waduh eta mang jalma geus panggih deui jeung awewe geulis deui wae. uing daek lah jadi mang jalma....:) Cung saha nu bisa nyebutkeun awewe nu pernah deukeut jeung jalma?
________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Sabtu, 8 September 2012 13:29 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 280 Teu nyaho sabaraha lilana manehna kapaehan … barang bray muka panonna manehna nempo sapasang panon nu keur neuteup we ka manehna … gebeg Jalma ngagebeg … wah aing meureun geus aya di sawarga; tah geuning ieu hareupeun aing aya widadari keur neuteup … socana mani katingali bengras sinaran … pameunteuna … asana mah Nyi Ipah ge eleh ku ieu widadari teh … waah hartina aing geus paeh … terus we Jalma gigisik jeung ngegel curukna … adduuuh ! da karasa nyeri. Geuning masih karasa nyeri ? Eta widadari teh kaciri seuri nempo Jalma nyorowok teh … aaduh eta waos … abong widadari bodas lir mutiara … nu gugurilapan, aduh taarna enyaan teja mentrangan; emh ieu mah sugan we beungeut moncororong we … tapi sanggeusna kitu Jalma Istighfar sababaraha kali lantaran geus melong ka widadari bari sakitu seukeutna. Keur kitu siga aya sora nu asup lalaunan bari pok nyarita, sigana ka eta si nu moncorong :”Enduk, si Kang Mas wis bangun, yo ? oh yaaa … “ Terus we ngadeukeutan si boronyoy diusapan rambutna; terus eta si boronyoy teh amit mundur; tapi ngan ukur ku unggeuk; teu aya saeutik ge soara kaluar. Aduh, bener2 ieu mah ayune keporo nyoto, gerentes hate Jalma, nepi ka nyoara ge sama sakali henteu. Eta nu datang teh kira2 saumur jeung Ki Busro; paromanna beresih cahayaan, ngadeukeutan Jalma bari imut nu simpati pisan. “Untung hidep gancang dibawa kadieu, ku Ki Busro, mun henteu mah hese katulunganana, sahenteuna hidep bakal kaleungitan tanaga latihan nu gede pisan.” Cek eta bapa2 bari teu weleh imut ngagelenyu. Jalma ngarasa senang jeung tenang nempo eta bapa2; manehna rek hudang lantaran manehna ngarasa teu sopan ngagoler hareupeun eta bapa2; tapi karasa awakna asa nahnay leuleus pisan; nempo kitu eta bapa2 terus nyarita:”Tong waka hudang, hidep ayeuna geus aya di imah bapa, hidep kapiuhan aya ka na dua poena; jadi pantes mun leuleus teh; da teu kararaban cai2 acan; sok we istirahat.” “a ri … ku ,,, ring … ieu aya di ma .. na .. ?” jalma kaget pisan barang ngaluarkeun pertanyaan, sora na ampir leungit. Aduh bahaya pisan geuning aing teh ? cek hate Jalma. Si bapa mesem, pok nyarita deui :”Hidep ayeuna aya di saung bapa, ayeuna keur diropea; hidep kakeunaan tanaga sakti Indra Ludira; mun teu geuwat diubaran, bakal cilaka; keun ayeuna mah sok istirahat deui sanggeus daang nya ?” Mireng eta caritaan nu sakitu pinuh ku rasa deudeuh ti eta bapa2; Jalma ngarasa manehna ayeunaa keur nyanghareupan kolot nu wijaksana; nu ngarti ka na kasusah batur; nya bari manggut Jalma nurut; terus harita keneh si budak awewe nu moncorong tadi digeroan deui; si bapa pepeta ; si budak awewe; ungguk terus we bari imut nu ngirut, eta budak awewe teh ngahuapan jeung nginumkeun cai ka manehna. Atuh Jalma teh asa ngimpi aya; asa di sawarga ongkoh. Ari si bapa mah leos kaluar deui. Eta si Nyai nu geulis teh, mani talaten pisan ngahuapan Jalma; mun Jalma rada ngalengos saeutik, ditungguan, nepi ka Jalma malik deui beungeutna ka eta si nyai; mun rada panas dipangniupankeun; atuh Jalma teh mani asa dimemenan pisan; cek na hatena teh emh mun aing gering cara kieu mulan malen ge resep hehehehe. Emh Alhamdulillah, GUSTIII, enya geuning Firman Anjeun teh leres pisan Gusti; yen sagala ge aya hikmahna. Emh ieu teh da lain kahayang atawa cita2 aing, ieu mah ESTU pangersa Pangersa; Estu Rahmat ti Anjeunna. Hanca
