Cek Kang Yani mah cenah sarua sasifat jeung nu ngarangna ... hahahahaha !
--- In [email protected], Narayana Adipranata <narayana_thea@...> wrote:
>
> waduh eta mang jalma geus panggih deui jeung awewe geulis deui wae. uing daek
> lah jadi mang jalma....:) Â Cung saha nu bisa nyebutkeun awewe nu pernah
> deukeut jeung jalma?
>
>
> ________________________________
> Dari: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda
> <[email protected]>
> Dikirim: Sabtu, 8 September 2012 13:29
> Judul: [kisunda] Cersil Sunda 280
>
>
> Â
>  Teu nyaho sabaraha lilana manehna kapaehan â¦
> barang bray muka panonna manehna nempo sapasang panon nu keur neuteup we ka
> manehna ⦠gebeg Jalma ngagebeg ⦠wah aing meureun geus aya di sawarga; tah
> geuning ieu hareupeun aing aya widadari keur neuteup ⦠socana mani katingali
> bengras sinaran ⦠pameunteuna ⦠asana mah Nyi Ipah ge eleh ku ieu
> widadari teh
> ⦠waah hartina aing geus paeh ⦠terus we Jalma gigisik jeung ngegel
> curukna â¦
> adduuuh ! da karasa nyeri. Geuning masih karasa nyeri ? Eta widadari teh
> kaciri
> seuri nempo Jalma nyorowok teh ⦠aaduh eta waos ⦠abong widadari bodas lir
> mutiara ⦠nu gugurilapan, aduh taarna enyaan teja mentrangan; emh ieu mah
> sugan
> we beungeut moncororong we ⦠tapi sanggeusna kitu Jalma Istighfar sababaraha
> kali lantaran geus melong ka widadari bari sakitu seukeutna.
>
> Keur kitu
> siga aya sora nu asup lalaunan bari pok nyarita, sigana ka eta si nu moncorong
> :âEnduk, si Kang Mas wis bangun, yo ? oh yaaa ⦠â Terus we ngadeukeutan
> si
> boronyoy diusapan rambutna; terus eta si boronyoy teh amit mundur; tapi ngan
> ukur ku unggeuk; teu aya saeutik ge soara kaluar.
>
> Aduh, bener2
> ieu mah ayune keporo nyoto, gerentes hate Jalma, nepi ka nyoara ge sama sakali
> henteu.
>
> Eta nu
> datang teh kira2 saumur jeung Ki Busro; paromanna beresih cahayaan,
> ngadeukeutan Jalma bari imut nu simpati pisan.
>
> âUntung
> hidep gancang dibawa kadieu, ku Ki Busro, mun henteu mah hese katulunganana,
> sahenteuna hidep bakal kaleungitan tanaga latihan nu gede pisan.â Cek eta
> bapa2
> bari teu weleh imut ngagelenyu.
>
> Jalma
> ngarasa senang jeung tenang nempo eta bapa2; manehna rek hudang lantaran
> manehna ngarasa teu sopan ngagoler hareupeun eta bapa2; tapi karasa awakna
> asa nahnay
> leuleus pisan; nempo kitu eta bapa2 terus nyarita:âTong waka hudang, hidep
> ayeuna geus aya di imah bapa, hidep kapiuhan aya ka na dua poena; jadi pantes
> mun leuleus teh; da teu kararaban cai2 acan; sok we istirahat.â
>
> âa  ri ⦠ku ,,, ring ⦠ieu aya di ma .. na .. ?â jalma kaget
> pisan barang ngaluarkeun
> pertanyaan, sora na ampir leungit. Aduh bahaya pisan geuning aing teh ? cek
> hate Jalma.
>
> Si bapa
> mesem, pok nyarita deui :âHidep ayeuna aya di saung bapa, ayeuna keur
> diropea;
> hidep kakeunaan tanaga sakti Indra Ludira; mun teu geuwat diubaran, bakal
> cilaka; keun ayeuna mah sok istirahat deui sanggeus daang nya ?â
>
> Mireng eta
> caritaan nu sakitu pinuh ku rasa deudeuh ti eta bapa2; Jalma ngarasa manehna
> ayeunaa keur nyanghareupan kolot nu wijaksana; nu ngarti ka na kasusah batur;
> nya bari manggut Jalma nurut; terus harita keneh si budak awewe nu moncorong
> tadi digeroan deui; si bapa pepeta ; si budak awewe; ungguk terus we bari imut
> nu ngirut, eta budak awewe teh ngahuapan jeung nginumkeun cai ka manehna. Atuh
> Jalma teh asa ngimpi aya; asa di sawarga ongkoh.
>
>
> Ari si bapa mah leos kaluar
> deui. Eta si Nyai nu geulis teh, mani talaten pisan ngahuapan Jalma; mun Jalma
> rada ngalengos saeutik, ditungguan, nepi ka Jalma malik deui beungeutna ka eta
> si nyai; mun rada panas dipangniupankeun; atuh Jalma teh mani asa dimemenan
> pisan; cek na hatena teh emh mun aing gering cara kieu mulan malen ge resep
> hehehehe. Emh Alhamdulillah, GUSTIII, enya geuning Firman Anjeun teh leres
> pisan Gusti; yen sagala ge aya hikmahna. Emh ieu teh da lain kahayang atawa
> cita2 aing, ieu mah ESTU pangersa Pangersa; Estu Rahmat ti Anjeunna.
>
> Hanca
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/