uing ge hayang lah sasifat jeung sanasib jeung jalma(khusus sanasib dina loba panggih jeung awewe nu gareulis)..ha..ha..ha...
________________________________ Dari: Abbas <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Senin, 10 September 2012 12:02 Judul: Re: Bls: [kisunda] Cersil Sunda 280 Cek Kang Yani mah cenah sarua sasifat jeung nu ngarangna ... hahahahaha ! --- In [email protected], Narayana Adipranata <narayana_thea@...> wrote: > > waduh eta mang jalma geus panggih deui jeung awewe geulis deui wae. uing daek > lah jadi mang jalma....:) Cung saha nu bisa nyebutkeun awewe nu pernah > deukeut jeung jalma? > > > ________________________________ > Dari: Abbas Amin <abas_amin08@...> > Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda > <[email protected]> > Dikirim: Sabtu, 8 September 2012 13:29 > Judul: [kisunda] Cersil Sunda 280 > > > > Teu nyaho sabaraha lilana manehna kapaehan … > barang bray muka panonna manehna nempo sapasang panon nu keur neuteup we ka > manehna … gebeg Jalma ngagebeg … wah aing meureun geus aya di sawarga; tah > geuning ieu hareupeun aing aya widadari keur neuteup … socana mani katingali > bengras sinaran … pameunteuna … asana mah Nyi Ipah ge eleh ku ieu widadari teh > … waah hartina aing geus paeh … terus we Jalma gigisik jeung ngegel curukna … > adduuuh ! da karasa nyeri. Geuning masih karasa nyeri ? Eta widadari teh > kaciri > seuri nempo Jalma nyorowok teh … aaduh eta waos … abong widadari bodas lir > mutiara … nu gugurilapan, aduh taarna enyaan teja mentrangan; emh ieu mah > sugan > we beungeut moncororong we … tapi sanggeusna kitu Jalma Istighfar sababaraha > kali lantaran geus melong ka widadari bari sakitu seukeutna. > > Keur kitu > siga aya sora nu asup lalaunan bari pok nyarita, sigana ka eta si nu moncorong > :”Enduk, si Kang Mas wis bangun, yo ? oh yaaa … “ Terus we ngadeukeutan si > boronyoy diusapan rambutna; terus eta si boronyoy teh amit mundur; tapi ngan > ukur ku unggeuk; teu aya saeutik ge soara kaluar. > > Aduh, bener2 > ieu mah ayune keporo nyoto, gerentes hate Jalma, nepi ka nyoara ge sama sakali > henteu. > > Eta nu > datang teh kira2 saumur jeung Ki Busro; paromanna beresih cahayaan, > ngadeukeutan Jalma bari imut nu simpati pisan. > > “Untung > hidep gancang dibawa kadieu, ku Ki Busro, mun henteu mah hese katulunganana, > sahenteuna hidep bakal kaleungitan tanaga latihan nu gede pisan.” Cek eta > bapa2 > bari teu weleh imut ngagelenyu. > > Jalma > ngarasa senang jeung tenang nempo eta bapa2; manehna rek hudang lantaran > manehna ngarasa teu sopan ngagoler hareupeun eta bapa2; tapi karasa awakna > asa nahnay > leuleus pisan; nempo kitu eta bapa2 terus nyarita:”Tong waka hudang, hidep > ayeuna geus aya di imah bapa, hidep kapiuhan aya ka na dua poena; jadi pantes > mun leuleus teh; da teu kararaban cai2 acan; sok we istirahat.” > > “a ri … ku ,,, ring … ieu aya di ma .. na .. ?” jalma kaget pisan barang > ngaluarkeun > pertanyaan, sora na ampir leungit. Aduh bahaya pisan geuning aing teh ? cek > hate Jalma. > > Si bapa > mesem, pok nyarita deui :”Hidep ayeuna aya di saung bapa, ayeuna keur diropea; > hidep kakeunaan tanaga sakti Indra Ludira; mun teu geuwat diubaran, bakal > cilaka; keun ayeuna mah sok istirahat deui sanggeus daang nya ?” > > Mireng eta > caritaan nu sakitu pinuh ku rasa deudeuh ti eta bapa2; Jalma ngarasa manehna > ayeunaa keur nyanghareupan kolot nu wijaksana; nu ngarti ka na kasusah batur; > nya bari manggut Jalma nurut; terus harita keneh si budak awewe nu moncorong > tadi digeroan deui; si bapa pepeta ; si budak awewe; ungguk terus we bari imut > nu ngirut, eta budak awewe teh ngahuapan jeung nginumkeun cai ka manehna. Atuh > Jalma teh asa ngimpi aya; asa di sawarga ongkoh. > > > Ari si bapa mah leos kaluar > deui. Eta si Nyai nu geulis teh, mani talaten pisan ngahuapan Jalma; mun Jalma > rada ngalengos saeutik, ditungguan, nepi ka Jalma malik deui beungeutna ka eta > si nyai; mun rada panas dipangniupankeun; atuh Jalma teh mani asa dimemenan > pisan; cek na hatena teh emh mun aing gering cara kieu mulan malen ge resep > hehehehe. Emh Alhamdulillah, GUSTIII, enya geuning Firman Anjeun teh leres > pisan Gusti; yen sagala ge aya hikmahna. Emh ieu teh da lain kahayang atawa > cita2 aing, ieu mah ESTU pangersa Pangersa; Estu Rahmat ti Anjeunna. > > Hanca >
