Sanggeus
beres, terus we Jalma rek nyarita, maksudna rek nganuhunkeun; tapi biwirna
gancang ditutup ku eta panangan nu lalentik bogana nu geulis; bari curukna
antel ka na bahamna; nu hartina Jalma ulah loba omong.
Nya Jalma teh repeh wae;
tapi bati OLOHOK da mani pasanghareup pisan atuh ka na soca nu moncorong bak
bintang Kejora teh. Dada Jalma mani ngadadak degdegan.
Eta mojang
lenjang nu geulis teh ngaleos we mawa piring jeung cangkir urut Jalma; Jalma
mani ngalenyap asa ditinggalkeun jauuuh jeung lila pisan. Geus kitu manehna
inget ka Sari jeung ka Nyi Ipah; aduh nanaonan sia Jalma , sok ngalilieur maneh
! cek gerentes hatena. Mana kalalakian maneh ? Naha teu era maneh ayeuna
naksir anak nu nulungan ? Bari itu mah, boa teuing mikir ge henteu ? Tong sok
cau ambon dikorangan sia Jalma ! Malati ka pipir2.
Wah ! Cek
hate na; tong boro aing nu masih keneh papacangan, sigana mah nu geus kawin ge
bakal kapaksa ngabohong masih jajaka; manggih mojang nu sakieu boronyoyna mah.
Jalma loba
pikiran kitu, lantaran manehna geus umur duapuluhan; jadi memang keur meujeuhna
beger; jadi na waktu ayeuna keur loba istirahat kitu, jadi loba pikiran nu
kurang lempeng; katambah ku boronyoyna si geulis; nya atuh kawas mangkok
manggih turubna.
Teu lila eta
mojang geus balik deui; mawa bungkusan jeung gelas dieusi cai.
Bari imut nu
matak ngirut, eta mojang pepeta, nu maksudna Jalma kudu nginum. Euh nu na
bungkusan teh ubar meureun cek Jalma na hatena. Jalma unggeuk, tanda siap
nginum obat; ngan hatena heran, naha ieu budak awewe aya ku medit2 teuing ka na
sora ? Mani ngan ukur ku tunjuk; ku giler panon we; sama sakali taya soara
kaluar ti na baham eta nu geulis ?
Tapi teu loba tatanya, terus wae puyer teh
ditarima ku letahna… naa atuh barang asup … barang hoaaak …Jalma ngarasa teu
kuat ku pait2na; bari gegebes, atuh cai tamplok ngabanjur raksukan si Mojang.
Si Mojang
teu siga ambek sama sakali, malah mah imut we ngagelenyu; terus we pepeta, nu
kira2 maksudna KUDU diinum daek teu daek. Jalma duka kumaha ngarti ka na eta
isarat jeung masing enya ge eta puyer teh karasa peuheur pisan, tapi da tadi
mah can nyaho; jadi kurang siap, ayeuna manehna siap nahan eta kapeuheur; terus
langsung diteureuy jeung caina ge gancang diregot supaya ulah karasa peuheur
teuing.HANCA