hadeuuuuuhhhhhh sigana mah si mojang boronyoy teh pireu meureun nya bah? Mun bener, mani teungteuingeun si abah mah hehehehehe......
--- On Mon, 9/10/12, Abbas Amin <[email protected]> wrote: From: Abbas Amin <[email protected]> Subject: [kisunda] Cersil ASunda 281 To: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" <[email protected]> Date: Monday, September 10, 2012, 12:11 PM Sanggeus beres, terus we Jalma rek nyarita, maksudna rek nganuhunkeun; tapi biwirna gancang ditutup ku eta panangan nu lalentik bogana nu geulis; bari curukna antel ka na bahamna; nu hartina Jalma ulah loba omong. Nya Jalma teh repeh wae; tapi bati OLOHOK da mani pasanghareup pisan atuh ka na soca nu moncorong bak bintang Kejora teh. Dada Jalma mani ngadadak degdegan. Eta mojang lenjang nu geulis teh ngaleos we mawa piring jeung cangkir urut Jalma; Jalma mani ngalenyap asa ditinggalkeun jauuuh jeung lila pisan. Geus kitu manehna inget ka Sari jeung ka Nyi Ipah; aduh nanaonan sia Jalma , sok ngalilieur maneh ! cek gerentes hatena. Mana kalalakian maneh ? Naha teu era maneh ayeuna naksir anak nu nulungan ? Bari itu mah, boa teuing mikir ge henteu ? Tong sok cau ambon dikorangan sia Jalma ! Malati ka pipir2. Wah ! Cek hate na; tong boro aing nu masih keneh papacangan, sigana mah nu geus kawin ge bakal kapaksa ngabohong masih jajaka; manggih mojang nu sakieu boronyoyna mah. Jalma loba pikiran kitu, lantaran manehna geus umur duapuluhan; jadi memang keur meujeuhna beger; jadi na waktu ayeuna keur loba istirahat kitu, jadi loba pikiran nu kurang lempeng; katambah ku boronyoyna si geulis; nya atuh kawas mangkok manggih turubna. Teu lila eta mojang geus balik deui; mawa bungkusan jeung gelas dieusi cai. Bari imut nu matak ngirut, eta mojang pepeta, nu maksudna Jalma kudu nginum. Euh nu na bungkusan teh ubar meureun cek Jalma na hatena. Jalma unggeuk, tanda siap nginum obat; ngan hatena heran, naha ieu budak awewe aya ku medit2 teuing ka na sora ? Mani ngan ukur ku tunjuk; ku giler panon we; sama sakali taya soara kaluar ti na baham eta nu geulis ? Tapi teu loba tatanya, terus wae puyer teh ditarima ku letahna… naa atuh barang asup … barang hoaaak …Jalma ngarasa teu kuat ku pait2na; bari gegebes, atuh cai tamplok ngabanjur raksukan si Mojang. Si Mojang teu siga ambek sama sakali, malah mah imut we ngagelenyu; terus we pepeta, nu kira2 maksudna KUDU diinum daek teu daek. Jalma duka kumaha ngarti ka na eta isarat jeung masing enya ge eta puyer teh karasa peuheur pisan, tapi da tadi mah can nyaho; jadi kurang siap, ayeuna manehna siap nahan eta kapeuheur; terus langsung diteureuy jeung caina ge gancang diregot supaya ulah karasa peuheur teuing.HANCA
