Tah ayeuna mah paanginten tos maju ka damang tah si eneng boronyoy teh. Hahahaha. Mangga kahaturkeun
--- In [email protected], Aliyudin Sofyan <aliyudinsofyan@...> wrote: > > hadeuuuuuhhhhhh sigana mah si mojang boronyoy teh pireu meureun nya bah? Mun > bener, mani teungteuingeun si abah mah hehehehehe...... > > > --- On Mon, 9/10/12, Abbas Amin <abas_amin08@...> wrote: > > From: Abbas Amin <abas_amin08@...> > Subject: [kisunda] Cersil ASunda 281 > To: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" > <[email protected]> > Date: Monday, September 10, 2012, 12:11 PM > > > > > > > > > > > > > > > > >  > > > > > > > > > > > > Sanggeus > beres, terus we Jalma rek nyarita, maksudna rek nganuhunkeun; tapi biwirna > gancang ditutup ku eta panangan nu lalentik bogana nu geulis; bari curukna > antel ka na bahamna; nu hartina Jalma ulah loba omong. > > Nya Jalma teh repeh wae; > tapi bati OLOHOK da mani pasanghareup pisan atuh ka na soca nu moncorong bak > bintang Kejora teh. Dada Jalma mani ngadadak degdegan. > > > Eta mojang > lenjang nu geulis teh ngaleos we mawa piring jeung cangkir urut Jalma; Jalma > mani ngalenyap asa ditinggalkeun jauuuh jeung lila pisan. Geus kitu manehna > inget ka Sari jeung ka Nyi Ipah; aduh nanaonan sia Jalma , sok ngalilieur > maneh > ! cek gerentes hatena. Mana kalalakian maneh ? Naha teu era maneh ayeuna > naksir anak nu nulungan ? Bari itu mah, boa teuing mikir ge henteu ? Tong sok > cau ambon dikorangan sia Jalma ! Malati ka pipir2. > > > Wah ! Cek > hate na; tong boro aing nu masih keneh papacangan, sigana mah nu geus kawin ge > bakal kapaksa ngabohong masih jajaka; manggih mojang nu sakieu boronyoyna > mah. > > > Jalma loba > pikiran kitu, lantaran manehna geus umur duapuluhan; jadi memang keur > meujeuhna > beger; jadi na waktu ayeuna keur loba istirahat kitu, jadi loba pikiran nu > kurang lempeng; katambah ku boronyoyna si geulis; nya atuh kawas mangkok > manggih turubna. > > > Teu lila eta > mojang geus balik deui; mawa bungkusan jeung gelas dieusi cai. > > Bari imut nu > matak ngirut, eta mojang pepeta, nu maksudna Jalma kudu nginum. Euh nu na > bungkusan teh ubar meureun cek Jalma na hatena. Jalma unggeuk, tanda siap > nginum obat; ngan hatena heran, naha ieu budak awewe aya ku medit2 teuing ka > na > sora ? Mani ngan ukur ku tunjuk; ku giler panon we; sama sakali taya soara > kaluar ti na baham eta nu geulis ? > > Tapi teu loba tatanya, terus wae puyer teh > ditarima ku letahna⦠naa atuh barang asup ⦠barang hoaaak â¦Jalma > ngarasa teu > kuat ku pait2na; bari gegebes, atuh cai tamplok ngabanjur raksukan si Mojang. > > > Si Mojang > teu siga ambek sama sakali, malah mah imut we ngagelenyu; terus we pepeta, nu > kira2 maksudna KUDU diinum daek teu daek. Jalma duka kumaha ngarti ka na eta > isarat jeung masing enya ge eta puyer teh karasa peuheur pisan, tapi da tadi > mah can nyaho; jadi kurang siap, ayeuna manehna siap nahan eta kapeuheur; > terus > langsung diteureuy jeung caina ge gancang diregot supaya ulah karasa peuheur > teuing.HANCA > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
