Syiah deui, Syiah deui = Deui Syiah, Deui Syiah
Kuring mah lain rek ngajak pasea, tapi ngalempeungkeun jeung ngaluruskeun,
sangkan maranehna areling jeung taubat dina kasalahanana.
Nurutkeun etimolgi bahasa Arab yen Syiah teh maknana "Pembela" atawa
"Pengikut" hiji jalma. Oge makna lain nyaeta : Satiap kaum anu ngarumpul di
luhur hiji perkara (Tahdzibul Lughah 3/61, karya Azhari jeung Tajul Arus
5/405 ku az-Zabidi dinukil tina kitab Firaq Mu'ashirah 1/31 ku Dr. Ghalib
bin Ali al-Awaji). Sedengkeun nurutkeun terminologi Syariat maknana :
Maranehna anu nyatakeun yen Ali bin Abu Thalib ra. leuwih utama ti sakabeh
para sahabat jeung leuwih ngabogaan hak pikeun nyekel tampuk kapamimpinan
kaum muslimin, kitu oge anak incu sapaninggal anjeuna (al-Fishal fil Milali
wal Ahwa wan Nihal 2/113 ku Ibnu Hazm).

Syiah dina sajarahna sajalan jeung muterna waktu ............pabuncar jadi
lima sekte nyaeta Kaisaniyyah, Imamiyyah (Rafidhah), Zaidiyyah, Ghulat,
jeung Ismailiyyah. Ti limana lahir babaraha cabang2na (al-Milal wan Nihal
kaca 147 ku asy-Syihristani). Kiwari anu kacida ecesna tina lima sekte eta
nyaeta sekte Imamiyah atawa Rafidah anu ti baheula sampe ka kiwari rek
nyoba ngaburantakkeun Ahlussunnah wal jamaah kusagala cara.
Rafidhah رَافِضَة* *dicokot tina رَفَضَ – يَرْفُضُ anu nurutkeun etimologi
basa Arab maknana تَرَكَ – يَتْرُكُ ninggalkeun (al-Qamus al-Muhith kaca
829). Sedengkeun dina terminologi syariat nyaeta : Maranehna anu nolak
imamah (kapamimpinan) ABu Bakar ra. jeung Umar ra.jeung nyawa, ngalelewe
sakaligus ngahina para sahabat Nabi Sawr. (Badzlul Majhudi fi Itsbati
Musyabahatir Rafidhah lil Yahud 1/85 ku Abdullah al-Jumaili). Abdullah bin
Ahmad bin Hanbal nyarita : "Kuring geus nanya ka bapa kuring, saha Radifhah
eta?. Mangka anjeuna ngajawab (ngawaler) :"Maranehna nyaeta jalma-jalma anu
nyela (ngalelewe) Abu Bakar jeung Umar ra. (ash-Sharimul Maslul 'Ala
Syatimir Rasul kaca 567 ku Syaikul Islam Ibnu Taimiyah ra.).

Hancaeun.........................




2012/9/13 Waluya <[email protected]>

> **
>
>
> > In [email protected], ihin98@... wrote:
> >
> > Ari perbedaan dina hal furu/cabang mah model NU muhammadiyah sigana
> > moal jadi masalah gede,awal akhir bisa di hijikeun dan jauh leuwih
> > loba persamaan na ti batan perbedaan na,jeung nu utama,hal nu
> > prinsippil sarua
> > Ari syiah ?
> > Tebih pisan jeung suny pemahaman na ge
>
> Dina salah sahiji acara "Don't Tell My Mother" saluran televisi National
> Geographic Adventure, sang presenter (Diego Buñuel) apruk-aprukan di Iran.
> Dina eta tayangan ditempokeun kumaha umat Islam di Iran rek sharolat di
> mAsjid. Nu rada hemeng nu rek sharolat teh nyarokot taneuh (siga
> talawengkar / bubuk kenteng) dina rak (rakna siga panyimpenan sendal di
> urang). Ceuk Diego Buñuel eta taneuh teh asalna ti taneuh Karbala (makam
> Imam Husein), gunana keur alas sirah waktu sujud. Euleuh, lamun enya teh,
> tina hal tata cara sholat wae, geus aya beda antara sunni jeung syiah teh.
>
> Tapi sanajan aya bedana, Syiah tetep Islam, sabab aliran Syiah teh sarua
> kolotna jeung aliran Sunni. Malah ceuk cenah mah Abu Hanafiah (Mazhab
> Hanafi) jeung Malik Bin Anas (Mazhab Maliki) kungsi guguru ka Imam Ja'far
> (Imam ka 6 dina tradisi Syiah/ Mazhab Syiah Jafari).
>
> Beda, moal jadi masalah, lamun teu dipolitisir ku nu boga
> kapentingan-kapentingan sejen ......
>
> WLY
>
>  
>



-- 
ngajengjehe

Kirim email ke