Fiksimini - Tai Ceuli!

"Lihat! Golep Pak Usin!" Gita nyikikik. "Tuh Pak Usin habis jumaahan.
Rambutnya kelimis!" Sinta seuri ditungkup. Manéhna  jongjon. Sura-seuri.
Tonggoy muru ka rohanganana. Najan karyawanna sok tingkecewis, teu
kaganggu. Ngan hiji mangsa, basa pamajikanana titip gepuk kalah mawa
kurupuk, kakara daék ka dokter. "Sakit Pak ya? Sudah mengering. Tidak bisa
dengan 'cotton bud'. Harus disedot. Tahan ya!" dokter ngupahan, "Tahan,
sedikit lagi!" Pluk! Cleng! Aya nu ngacleng dina ceuli katuhuna. "Hampir
sebesar keleréng Pak!" dokter nyéréngéh. Hiuuung! Heaaang! Ceulina
ngung-ngéng. Teu puguh dédéngéan. Sagala kadéngé: Nu ngobrol di ruang
tunggu; Nu bobogohan di taman; Nu paséa di parkiran. Isukna di kantor, basa
karyawan tingkecewis, manéhna  popolotot, "Jadi salila ieu, unggal isuk
ngaromongkeun aing nyah!" Di imahna, unggal peuting hésé saré. "Aduh! Géték
Kang!" sora cakcak bikang ngajérété. "Jang béjaan si Amang, aya gula
handapeun méja!" sora sireum beureum ngaharewos. Isukna manéhna ngincid ka
dokter. "Dok! Pulangkeun deui wé tai-cepil téh!"

Kirim email ke