Episode 67 : Loba ka_ajaiban di Gunung Muria Ti semet harita, Jalma unggal peuting, nyawalakeun perkara kailahian, Jalma Kacida pogotna; enya ge hese mikirkeunana. Ari beurang Jalma bebas, bisa ngalatih diri perkara tanaga jerona jeung kanuraganana; ari Ki Padmarasa mah , mun beurang nyepi we dikamarna ayeuna mah, meureun keur mikirkeun bahan2 sawala jeung manehna. Arang kaluar ti kamarna; tuangna oge dianteuran jeung dilayanan we ku Anggraeni. Ayeuna manehna leuwih wanoh jeung leuwih deukeut deui ka Anggraeni teh; atuh Anggraeni ge kaciri enya2 di na ngalayaanan sagala kabutuh Jalma sapopoe teh cek paribasana dibelaan nunda heula nu keur dicabak, ngaheulakeun kabutuh Jalma. Atuh Jalma teh mani asa diogo pisan eta ku Nyi Anggraeni teh. Ari Ki Busro sigana keur sibuk oge latihan tanaga jero dikamarna; da Ki Busro geus mimiti dibere palajaran2 keur ningkatkeun tanaga jerona. Tah na hiji mangsa, keur Jalma anteng latihan, teu kanyahoan aya oray Sanca/Phyton nu gede pisan; teu nyaho ti mana; eta oray teh kacirieun ku Anggraeni; atuh harita keneh Anggraeni melesat ka dinya nyejek eta oray. Blek ! Cenah sora jejekan. Tapi eta oray Sanca teh teu rengrot2 acan malah ngudag ka Anggraeni; atuh Jalma gancang melesat ngahalang antara si Sanca jeung Anggreni; atuh langsung wae eta oray ngabeulit badan Jalma; lantaran eta Sanca teh pas pisan keur nyerang Anggraeni. Ku sabab Jalma sakilat pisan geus aya di dinya; nya atuh nu kabeulit teh Jalma. Terus we eta oray ngabeulit badan Jalma; nu ngan kaciri sirahna wungkul; tapi beuheung oray geus katewak titatadi ge. Jalma sigana geus euweuh dayana kaciri cicing we; teu siga gugurinjalan. Anggraeni kaciri kageteun pisan; terus rek nyorowok menta tulung; tapi teu bisa kaluar masing ti beberegeg oge; nepi ka Anggraeni popolotot. Ahirna ku sabab teu tahan nempo Jalma dibeulit oray Sanca kereles we Anggraeni kapiuhan ; ngajoprak deukeut Jalma nu keur dibeulit oray Sanca. Tapi Jalma teu lila dibeulitna; da ngan kulupruk we oray Sanca teh ngulupruk taya dayana deui; sungutna mani ngabudah; tanda eta oray teh geus sakarat. Kumaha ari Jalma ? Jalma teh barang nyaho aya Sanca nu ngabeulit ka manehna; ngahaja teu disingkirkeun, diantep we , terus manehna ngalawan ku tanaga jero ngan opat bagean ! Nya eta oray Sanca anu sakitu gedena teh, ngan sakeudedung pisan ngabeulitna, teu kuat nahan tanaga jero Jalma nu nyerang kuat pisan; tulang2 oray jeung otot2na harita keneh paregat, ku hebatna perlawanan tanaga jero Jalma. Jalma oge ngan bati olohok we, nempo hasilna saperti kitu; wah enyaan tanaga aing geus kuat pisan. Gancang we Jalma sujud Syukur; ti na tos dipasihan kakiatan ku Gusti nu sakitu rosana. Waktu cengkat kareret Anggraeni keur ngagoler; gancang we diropea ku manehna; karasa tanaga jero Anggraeni ngayakeun perlawanan; tapi terus we ditorobos ku Jalma. Sanggeus tanagana bulak balik ; Anggraeni sadar. Barang nempo Jalma beleger keneh, kaciri manehna bungah pisan tuluy muncul ka_ajaiban deui heeeh ! cenah aya sora kaluar ti tikoro Anggraeni. Atuh boh Jalma boh Anggraeni sarua kagetna.Hanca
