Kabeneran harita teh KI Padmarasa kaluar ti pangkengna da geus lila nunggu Anggraeni can nganteuran wae; barang kaluar pasanggrok jeung KI Busro, nu kakara rengse latihanana. Barang nempo ka_aya_an Jalma jeung Anggraaeni kitu, Ki Padmarasa langsung ngadu’a syukuran ka Gusti; lantaran manehna nempo oray Sanca gede pisan; pasti rek nyilakeun Anggraeni; tapi kaburu ditulung ku Jalma. Barang disampeurkeun; Ki Padmarasa ngan ukur mesem we, lantaran geus maphum ka na tanaga jero Jalma, nu ayeuna mah hese neangan tandingna. Jadi mun eta oray Sanca ancur teh, nya wajar we. Terus we nanya ka Jalma kunaon ayeuna Angraeni diropea. Terus we Jalma nyarita sacerewelena; bari nyaritakeun yen Anggraeni kaluar sorana. Ki Padmarasa bungah ngaleuwihan ti na kabungah naon wae oge; manehna langsung asup ka kamerna; kaluar deui mawa cai herang jeung obat bubuk, nu terus sina diinum ku Anggraeni. Ti harita Anggraeni kudu nginum terus eta puyer. Nya sanggeus sabulan ti harita, enya we Anggraeni jadi bisa kaluar soraan; saeutik. Jadi ayeuna mah mun beurang Ki Padmarasa terus ngubaran Anggraeni, bari ditaliti; ari peuting sawala Kailahian jeung Jalma. Ayeuna mah kaciri kamajuanana Anggraeni; nyebut mangga geus bisa ; kitu deui sumuhun. Wah Ki Padmarasa mani ampir nyembah2 ka Jalma; ku ngarasa yen lantaran Jalma syareatna Anggraeni bisa nyoara deui. Enya ge masih rada balelol. Memang hakekatna mah geus kersaning Pangeran, Anggraeni kudu cageur lantaran Jalma tarung jeung kabeulit ku oray Sanca. Episode 68 : Sawala Kailahian ( tentang TUHAN ) Hanca
