Episode 68 : Sawala Kailahian ( tentang TUHAN ) Ayeuna sawala geus nepi ka na ngabahas Asma’al Husna; nya eta 99 Asma Allah; saenyana mah lain 99 tapi leuwih ti eta; ngan nu pilihan jeung intinya nya dipilih 99 eta. Bahasan Asma_al Husna teh Kacida lobana jeung unggal poe lain tamat; malah nambahan kateunyaho; terus ditalungtik jeung disawalakeun deui. Sanggeus aya ka na tilu bulanna sawala di na bag2an Asma_al Husna; karasa ku Jalma , lain tambah ngarti; malah leuwih loba teu ngartina. Wah enya hese geuning neangan nu Maha Sagala teh ? Paingan atuh jadi sok katalanjuran ka na wahdatul Wujud; terus manunggaling Kawulo Gusti ? Wah enya we teu gampang urang nyalahkan maranehna; atawa nuduh maranehna mengpar ? Da enya geuning sakieu hesena ? Waktu Ki Padmarasa nyebutkeun yen Asma Na Allah teh hartina nu ngayakeun nu tadina teu aya; Kacida beuratna; nepi ka sanggeus 3 peuting sawala, dieureunan heula. Terus peuting isukna nindak ka na Asma Ar Raahmaan Ar Rahiim; rada lancar tah otak Jalma nuturkeun nu ieu mah; dikaitkeun deui eta dua asmaa teh ka na Al khaliq jeung Al Barr. Nu tungtungna ngayakeun oge; Nyiptakeun. Ngan harti sacerewelena nu rada beda teh.Hanca
