Asma Al
Malik, nu hartina Ngawasa , nu boga Kawasa; nu Ngarajaan … eta ge dungdeng
sawalana; da memang saenyana mah mun geus ngayakeun hartina nya ngawasa;
ngamilik eta nu diciptakeun. 


Tapi loba
oge di dunya najan manehna nu meuli hiji barang, can puguh miboga mutlak; bisa
oge dirudapaksa ku jelema sejen; jadi dina hal Ieu Allah teh sifatna Al Jabbar;
Al Aziz; Al Mutakabbir; Al Qowiyyu; Al Matin. Nu Hartina Gagah Perkasa ; mo aya
tandingna; penakluk jsjb. Jadi di na Nyiptakeun teh oge bisa jeung Kuat
ngabelana hamo bisa direbut ku nu sejen. 


Giliran ka
na Al Quddus; Maha Suci … bisa loba hartina; tapi Jalma nyekel hiji palenggeran
yen AnjeunNa estu suci ti na sagala HAL; teu bisa dicabak ku sing saha wae
Makhluq; AnjeunNa tara keuna kakotoran ku naon wae oge. 

Atuh Al Ala;
dihartikeun ku Jalma Jauh pisan; luhur pisan teu kajangkow … da memang pang
luhurna. Lain wungkul posisi kapangkatan; tapi NYATA jauh jeung luhur ! Tah
Anjeunna mah sakedet Netra bisa ngajangkow jagatraya ieu. 


AnjeunNa
caket ka urang; ari urang mah jauh ka AnjeunNa. 


Giliran Asma
Allah Al Malikal Mulki jeung DzaljalaaliwalIkram; nu hartinaa Raja diraja jeung
teu aya nu mapakan atawa nendengan; eta ge rada lila sawalana. Tapi ku sabab
Asma2 nu sejen geus disawalakeun; jadi rada hampang ngabahasna. 

Tapi ahirna,
sanggeus 5 bulanan sawala; duanana meunang kacindekan                   ( 
kesimpulan ); yen ieu
diskusi moal tamat, jeung moal eureun nepi ka dunya ancur cek paribasana. 

Lantaran
ngabahas Anjeunna Nu Maha Sagala; memang moal aya tungtungna; mun ditulis tea
mah, kaburu beak bahanna, beak usahana …… 


Jadi Jalma
jeung Ki Padmarasa terus we sujud syukur tanda yen duanana ngaku yen memang
Elmu Allah mah, taya wates wangenna. 


Nya nu
guntreng teh areureun we reureuh heula; bari ngalelempeng jalan ka na ibadah nu
soson2.Hanca
 

Kirim email ke