Enya sapadogos jeung kang Udin, ngan pedah we judul asli artikelna aya kecap "Diciptakan". Tapi leupas ti dinya, kumaha tah perkawis hukumna lamun rekayasa genetika dipraktekkeun ka manusa? Contona ngarekayasa DNA supaya ngahasilkeun manusa nu pinunjul (Awakna ateltis jeung sehat, bebas ti pnayakit turunan ditambah boga IQ luhur)?
Baheula di akhir tahun 1980an, aya film judulna teh "Twin" nu nyaritakeun para elmuwan ngarekayasa genetika supaya ngahasilkeun manusa nu pinujul (manusa super), ngan waktu ngagawekeunana aya "kacilakaan", budak nu dihasilkeun kembar, orok nu hiji nu diharepkeun, ari nu hiji deui mah, goreng, cenah mah "runtah genetik". Orok nu diharepkeun akhirna di kirim ka pulo terpencil keur dididik jadi manusa pinunjul/ filsuf, ari nu "runtah genetik" mah cukup dikirim ka rumah yatim piatu. 30 taun saentasna percobaan eta, si Manusa pinunjul teh ( diperankeun ku Arnold Schwarzenegger) kaluar ti kungkungan. Manehna neangan asal-usul, akhirna manehna jadi nyaho yen manehna teh boga dulur kembar. Nya neangan dulurna. Waktu kapanggih ..., uluh cilaka dulurna teh geuning leutik, pendek ....jeung hirupna baroraah sampurna, tapi satengah kriminal, campur gaul jeung para preman (diperankeun ku Danny DeVito). film piseurieun (humor), tapi karasa aya nu "jero" lamun leuwih diteuleuman. Naha bener manusa nu genetikna pilihan, bakal jadi manusa nu sagala pinunjul? Naha bener nu genetikna goreng, ukur jadi "runtah"? Dina film ieu, jelema "runtah genetik" ieu, akhirna jadi manusa "bener" oge. Manehna jadi manusa teu bener, da diurusna ukur di rumah yatim piatu, kurang meunang "kasih sayang", dibandingkeun jaeung dulurna nu genetikna pilihan, kahirupanana sagalana dipupujuhkeun. Tapi ieu sakadar pelem (fiksi). Tah kumaha lamun engke rekayasa genetika ka manusa tetep dilakasanakeun? Bakal aya kitu manusa "super" ?????? WLY --- In [email protected], Isp Saprudin <lemprah@...> wrote: > > Punten Bah, kecap "Diciptakeun" asa ngaleuwihan Allah. Pencipta alam jaga > raya sarta eusina anging Allah Swt. Hasil rekayasa genetika anu > dikembangkeun ku manusia lain hiji hal panciptaan, ngalainkeun ngarupakeun > "pembuktian" ti kaagungan jeung kakawasaan Allah. Jadi ieu kaasup > pamanggih anu leutik ti sajumlah hukum alam jeung rahasia alam anu henteu > aya unsur panciptaan di jerona. Sabab pamanggih ieu lain ngayakeun hiji hal > ti anu henteu aya, ngalainkeun ngan sakadar nyingkap naon anu geus aya. > > Salam, ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
