Ari kuring mah, kataji ayana rekayasa proses "penciptaan". Ngutak ngatik proses ieu jadi hiji kreativitas mengeksplor sagala kamungkinan anu bakal tumiba. Tah didieu pentingna etika. Dadasar etika anu paling universal nya tina ajaran agama. Misalna, manusa boga rencana/rekayasa. Allah boga rencana. Rencana Allah anu paling baik/sampurna. Tah, ceuk kuring mah ieu hiji etika pikeun ngerem, supaya manusa heunteu jumawa. Supaya manusa sadar, saha mahluk saha cholik.
Mrachmatrawyani Live from BlackBerry® on AHA - I like it! -----Original Message----- From: Isp Saprudin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 24 Sep 2012 11:47:34 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Re: Fw: Budak nu kolotna tilu urang engke bakal diciptakeun? Bah ieu meureun henteu jauh jeung konsep jeung teori Kloning. Anak boga kolot tilu? Bisa jadi indung telur awewe 'A' disimpen di rahim awewe "B". Ceuk basa kerenna mah liwat proses nyokotkeun sel ti awak manusa boh awewe boh lalaki, tuluy inti selna dicokot jeung digabungkeun jeung sel telur awewe anu geus dipiceun inti selna. Sel telur ieu ditransfer ka jero rahim awewe sangkan ngalobaan sorangan, ngembang, ngarubah ngajadi janin jeung akhirna dilahirkeun sabage orok. Ieu orok anu dilahirkeun ngarupakeun katurunan anu boga kode genetik sarua jeung manusia anu dicokot sumber asal sel eta. Pandangan agama (Islam) : Proses rekayasa genetika jeung samodelna mangrupakeun cara anu henteu alami. Sedengkeun syariat netepkeun yen cara alamiah ieu anu ditetepkeun sabage sunatullah ngahasilkeun anak-anak jeung katurunana : وَأَنَّهُ خَلَقَ الزَّوْجَيْنِ الذَّكَرَ وَالأُنثَى (٤٥) مِن نُّطْفَةٍ إِذَا تُمْنَى (Q.S. An-Najm 45-46) hartosna : "Jeung saestuna Anjeun-Na anu nyiptakeun pasang-pasangan lalaki jeung awewe jeung cai mani anu dipuncratkeun (dipancarkan)". Di surat lain (QS. al-Qiyamah 37-38) أَلَمْ يَكُ نُطْفَةً مِّن مَّنِيٍّ يُمْنَى (٣٧) ثُمَّ كَانَ عَلَقَةً فَخَلَقَ فَسَوَّى hartosna : "Sabenerna maneh baheula satetes mani anu ditumprakkeun (ka jero rahim), tuluy mani eta ngajadi sagumpal geutih, tuluy Allah nyiptakeunna jeung nyampurnakeunna. Tuluy Allah ngajadikeun tidinya sapasang lalaki-jeung awewe". Aduh, hapunten Bah, jadi kapeleset kana masalah agama...............kuring mah jalmi awam jeung bodo, jadi nyikapina WALLAHU'ALAM Salam, 2012/9/24 Waluya <[email protected]> > ** > > > Enya sapadogos jeung kang Udin, ngan pedah we judul asli artikelna aya > kecap "Diciptakan". Tapi leupas ti dinya, kumaha tah perkawis hukumna lamun > rekayasa genetika dipraktekkeun ka manusa? Contona ngarekayasa DNA supaya > ngahasilkeun manusa nu pinunjul (Awakna ateltis jeung sehat, bebas ti > pnayakit turunan ditambah boga IQ luhur)? > > Baheula di akhir tahun 1980an, aya film judulna teh "Twin" nu nyaritakeun > para elmuwan ngarekayasa genetika supaya ngahasilkeun manusa nu pinujul > (manusa super), ngan waktu ngagawekeunana aya "kacilakaan", budak nu > dihasilkeun kembar, orok nu hiji nu diharepkeun, ari nu hiji deui mah, > goreng, cenah mah "runtah genetik". Orok nu diharepkeun akhirna di kirim ka > pulo terpencil keur dididik jadi manusa pinunjul/ filsuf, ari nu "runtah > genetik" mah cukup dikirim ka rumah yatim piatu. > > 30 taun saentasna percobaan eta, si Manusa pinunjul teh ( diperankeun ku > Arnold Schwarzenegger) kaluar ti kungkungan. Manehna neangan asal-usul, > akhirna manehna jadi nyaho yen manehna teh boga dulur kembar. Nya neangan > dulurna. Waktu kapanggih ..., uluh cilaka dulurna teh geuning leutik, > pendek ....jeung hirupna baroraah sampurna, tapi satengah kriminal, campur > gaul jeung para preman (diperankeun ku Danny DeVito). > > film piseurieun (humor), tapi karasa aya nu "jero" lamun leuwih > diteuleuman. Naha bener manusa nu genetikna pilihan, bakal jadi manusa nu > sagala pinunjul? Naha bener nu genetikna goreng, ukur jadi "runtah"? Dina > film ieu, jelema "runtah genetik" ieu, akhirna jadi manusa "bener" oge. > Manehna jadi manusa teu bener, da diurusna ukur di rumah yatim piatu, > kurang meunang "kasih sayang", dibandingkeun jaeung dulurna nu genetikna > pilihan, kahirupanana sagalana dipupujuhkeun. > > Tapi ieu sakadar pelem (fiksi). Tah kumaha lamun engke rekayasa genetika > ka manusa tetep dilakasanakeun? Bakal aya kitu manusa "super" ?????? > > WLY > > > --- In [email protected], Isp Saprudin <lemprah@...> wrote: > > > > Punten Bah, kecap "Diciptakeun" asa ngaleuwihan Allah. Pencipta alam jaga > > raya sarta eusina anging Allah Swt. Hasil rekayasa genetika anu > > dikembangkeun ku manusia lain hiji hal panciptaan, ngalainkeun > ngarupakeun > > "pembuktian" ti kaagungan jeung kakawasaan Allah. Jadi ieu kaasup > > pamanggih anu leutik ti sajumlah hukum alam jeung rahasia alam anu henteu > > aya unsur panciptaan di jerona. Sabab pamanggih ieu lain ngayakeun hiji > hal > > ti anu henteu aya, ngalainkeun ngan sakadar nyingkap naon anu geus aya. > > > > Salam, > > > -- ngajengjehe
