Basa menteri ESDM ngumpulkeun para pagawe ex bpmigas, manehna ngomong
panjang lebar nangtukeun nasib para pagawe ex bpmigas. Dina salah sahiji
omongan, nyaeta manehna ngomong "Pikeun kalangsungan kagiatan usaha hulu
migas, mangka berdasarkan Perpres No. 95/2012, dibentukan Satuan Kerja
Sementara Pelaksana Migas, sakabeh fungsi dan tugas jeung pagawe ex bpmigas
beralih ka skspmigas, bla...bla....bla..........kahareupna mun nawarkeun
wilayah kerja (blok) ka pihak investor kudu pilih-pilih. Bikeun blok anu
rada garing ka pihak asing jeung tawarkeun blok anu rada lintuk ka investor
domestik.......bla..bla...bla................ bpmigas boros jeung mobil
pajabatna mewah..............bla...bla....."

Anu digaris bawahi ku kuring omongan saurang Menteri ESDM dina masalah
penawaran wilayah kerja. Mun anu ngomong Menteri Sosial wajar, tapi ieu anu
ngomong Menteri ESDM, piraku henteu nyaho peran jeung fungsi bpmigas. Anu
ngabogaan wewenang pikeun nawarkeun wilayah kerja/blok ka pihak investor
nyaeta Dirjen. Migas. Terus naha bisa katempo eta di handapeun taneuh aya
kandungan minyak atawa henteu. Tangtu teu katempo, naha saurang Menteri
ESDM bisa ngomong "mun blok garing bikeun ka pihak asing, anu blok gemuk
bikeun ka investor domestik" Eta menteri ESDM salah ngomong atawa teu
ngarti.

Kawenangan menawarkan wk Dirjen Migas, sanggeus aya kasanggupan pihak
investor kakara bpmigas dititah nyieun kasapakatan nyaeta penandatanganan
perjanjian kontrak kerja sama. BPMIGAS atas nama Pemerintah menandatangani
kontrak kerja sama bagi hasil jeung pihak kontraktor boh asing atawa
domestik. Ceuk Dirjen Migas "hey bpmigas, tah uing geus nawarkeun ka si "A"
wk/blok Curo Hideung, jeung si "A" geus sapakat, ayeuna maneh (bpmigas)
jieun surat perjanjian kontrak bagi hasil.  Sanggeus diayakeun
penandatangan kerja sama kontrak bagi hasil saterusna maneh (bpmigas) awasi
jeung bantu kagiatan operasionalna eta si "A", tah kitu ceuk Dirjen Migas.
Saterusna bpmigas ngawasi jeung ngabantu eta kagiatan ti survey seismik,
eksplorasi sampe ka esploitasi (produksi), sakabeh biaya jeung teknologi
ditanggung heula ku si "A".  Saumpama salila kagiatan si "A" henteu manggih
minyak kusabab kandungan anu aya henteu potensial pikeun dieksploitasi,
mangka pamarentah henteu nanggung biaya. Sabalikna mun potensial pikeun
dieksploitasi sampe ka produksi mangka aya bagi hasil, anu sakabeh biaya
anu geus dikaluarkeun ku si "A" bakal di ganti liwat "cost recovery".
bpmigas salaku pangawas lain saukur ngawasi tapi ngendalikeun dina sagala
rupa utamana pengendalian biaya operasi anu bakal di cost recovery. bpmigas
bisa nekan semaksimal mungkin sangkan kegiatan operasi hulu migas bisa
dilakukan efisien jeung efektif, anu tujuanna sangkan pendapatan negara
bisa gede. Sabenerna bpmigas teh bemperna pamarentah, mun isuk pageto aya
pacengkadan jeung pihak investor, mangka anu jadi tuntutan nyaeta bpmigas.

Tah kitu cuplikan fungsi jeung tugas bpmigas, tapi kunaon eta saurang
Menteri ESDM bisa ngomong kitu?

Pantes di urang loba pajabat ibarat pamaen lenong, asal bisa tampil jeung
bisa ngomong, urusan penganyahomah urusan tukang.

Selamat kepada para pemain lenong!!!!


-- 
*Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".*
**

Kirim email ke