Kamari peuting metro tv nayangkeun  soara anu cek cenah siga sora menteri ESDM. 
Dina rekaman eta teh,  anu boga sora netelakeun kumaha carana "ngabekem" 
wartawan, supaya nurut sangkan nyieun warta anu saluyu jeung kahayang nu boga 
kawasa.Dina sorana teh siga aya nada keuheul jeung ngambek. Tapi anu atra mah, 
aya kesan ngahina kana profesi wartawan jeung ngagampangkeun jeung 
ngarendahkeun wartawan.

Ti awit jaman kakarek jadi menteri Pariwisata, juragan Jero Wacik, anu cenah 
alumni ITB  jeung alumni FEUI Ekstension teh jadi bahan omongan jeung 
panyeungseurian para profesional. Kusabab cara pikir jeung tindakanana teh, sok 
ngagampangkeun. 

Contoh soalna, sabada dilantik jadi menteri pariwisata, dina hiji acara  
pasamoan jeung para pagawe kementerian pariwisata, juragan menteri ngumbar 
janji siga kieu.(harita teh juragan menteri kakarek asup ka jajaran birokrasi, 
tina tadina icikibung di swasta). Pagawe anu berprestasi rek dinaekkeun 
pangkatna, Eselon hiji jadi eselon dua, eselon dua jadi eselon tilu, eselon 
tilu jadi eselon opat. Puguh wae atuh para pagawe kementerian pariwisata ribut. 
(Mun teu percaya, sok wae tanyakeun ka para pagawe kementerian pariwisata).

mrachmatrawyani




________________________________
 From: Isp Saprudin <[email protected]>
To: [email protected] 
Sent: Tuesday, November 20, 2012 11:30 PM
Subject: [kisunda] hayang seuri
 

  
Basa menteri ESDM ngumpulkeun para pagawe ex bpmigas, manehna ngomong panjang 
lebar nangtukeun nasib para pagawe ex bpmigas. Dina salah sahiji omongan, 
nyaeta manehna ngomong "Pikeun kalangsungan kagiatan usaha hulu migas, mangka 
berdasarkan Perpres No. 95/2012, dibentukan Satuan Kerja Sementara Pelaksana 
Migas, sakabeh fungsi dan tugas jeung pagawe ex bpmigas beralih ka skspmigas, 
bla...bla....bla..........kahareupna mun nawarkeun wilayah kerja (blok) ka 
pihak investor kudu pilih-pilih. Bikeun blok anu rada garing ka pihak asing 
jeung tawarkeun blok anu rada lintuk ka investor 
domestik.......bla..bla...bla................ bpmigas boros jeung mobil 
pajabatna mewah..............bla...bla....."
 
Anu digaris bawahi ku kuring omongan saurang Menteri ESDM dina masalah 
penawaran wilayah kerja. Mun anu ngomong Menteri Sosial wajar, tapi ieu anu 
ngomong Menteri ESDM, piraku henteu nyaho peran jeung fungsi bpmigas. Anu 
ngabogaan wewenang pikeun nawarkeun wilayah kerja/blok ka pihak investor nyaeta 
Dirjen. Migas. Terus naha bisa katempo eta di handapeun taneuh aya kandungan 
minyak atawa henteu. Tangtu teu katempo, naha saurang Menteri ESDM bisa ngomong 
"mun blok garing bikeun ka pihak asing, anu blok gemuk bikeun ka investor 
domestik" Eta menteri ESDM salah ngomong atawa teu ngarti.
 
Kawenangan menawarkan wk Dirjen Migas, sanggeus aya kasanggupan pihak investor 
kakara bpmigas dititah nyieun kasapakatan nyaeta penandatanganan perjanjian 
kontrak kerja sama. BPMIGAS atas nama Pemerintah menandatangani kontrak kerja 
sama bagi hasil jeung pihak kontraktor boh asing atawa domestik. Ceuk Dirjen 
Migas "hey bpmigas, tah uing geus nawarkeun ka si "A" wk/blok Curo Hideung, 
jeung si "A" geus sapakat, ayeuna maneh (bpmigas) jieun surat perjanjian 
kontrak bagi hasil.  Sanggeus diayakeun penandatangan kerja sama kontrak bagi 
hasil saterusna maneh (bpmigas) awasi jeung bantu kagiatan operasionalna eta si 
"A", tah kitu ceuk Dirjen Migas.
Saterusna bpmigas ngawasi jeung ngabantu eta kagiatan ti survey seismik, 
eksplorasi sampe ka esploitasi (produksi), sakabeh biaya jeung teknologi 
ditanggung heula ku si "A".  Saumpama salila kagiatan si "A" henteu manggih 
minyak kusabab kandungan anu aya henteu potensial pikeun dieksploitasi, mangka 
pamarentah henteu nanggung biaya. Sabalikna mun potensial pikeun dieksploitasi 
sampe ka produksi mangka aya bagi hasil, anu sakabeh biaya anu geus 
dikaluarkeun ku si "A" bakal di ganti liwat "cost recovery".
bpmigas salaku pangawas lain saukur ngawasi tapi ngendalikeun dina sagala rupa 
utamana pengendalian biaya operasi anu bakal di cost recovery. bpmigas bisa 
nekan semaksimal mungkin sangkan kegiatan operasi hulu migas bisa dilakukan 
efisien jeung efektif, anu tujuanna sangkan pendapatan negara bisa gede. 
Sabenerna bpmigas teh bemperna pamarentah, mun isuk pageto aya pacengkadan 
jeung pihak investor, mangka anu jadi tuntutan nyaeta bpmigas.
 
Tah kitu cuplikan fungsi jeung tugas bpmigas, tapi kunaon eta saurang Menteri 
ESDM bisa ngomong kitu?
 
Pantes di urang loba pajabat ibarat pamaen lenong, asal bisa tampil jeung bisa 
ngomong, urusan penganyahomah urusan tukang.
 
Selamat kepada para pemain lenong!!!!
 

-- 

Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".
 

 

Kirim email ke