hehehe

--- In [email protected], MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> wrote:
>
> Kamari peuting metro tv nayangkeun  soara anu cek cenah siga sora menteri 
> ESDM. Dina rekaman eta teh,  anu boga sora netelakeun kumaha carana 
> "ngabekem" wartawan, supaya nurut sangkan nyieun warta anu saluyu jeung 
> kahayang nu boga kawasa.Dina sorana teh siga aya nada keuheul jeung ngambek. 
> Tapi anu atra mah, aya kesan ngahina kana profesi wartawan jeung 
> ngagampangkeun jeung ngarendahkeun wartawan.
> 
> Ti awit jaman kakarek jadi menteri Pariwisata, juragan Jero Wacik, anu cenah 
> alumni ITB  jeung alumni FEUI Ekstension teh jadi bahan omongan jeung 
> panyeungseurian para profesional. Kusabab cara pikir jeung tindakanana teh, 
> sok ngagampangkeun. 
> 
> Contoh soalna, sabada dilantik jadi menteri pariwisata, dina hiji acara  
> pasamoan jeung para pagawe kementerian pariwisata, juragan menteri ngumbar 
> janji siga kieu.(harita teh juragan menteri kakarek asup ka jajaran 
> birokrasi, tina tadina icikibung di swasta). Pagawe anu berprestasi rek 
> dinaekkeun pangkatna, Eselon hiji jadi eselon dua, eselon dua jadi eselon 
> tilu, eselon tilu jadi eselon opat. Puguh wae atuh para pagawe kementerian 
> pariwisata ribut. 
> (Mun teu percaya, sok wae tanyakeun ka para pagawe kementerian pariwisata).
> 
> mrachmatrawyani
> 
> 
> 
> 
> ________________________________
>  From: Isp Saprudin <lemprah@...>
> To: [email protected] 
> Sent: Tuesday, November 20, 2012 11:30 PM
> Subject: [kisunda] hayang seuri
>  
> 
>   
> Basa menteri ESDM ngumpulkeun para pagawe ex bpmigas, manehna ngomong panjang 
> lebar nangtukeun nasib para pagawe ex bpmigas. Dina salah sahiji omongan, 
> nyaeta manehna ngomong "Pikeun kalangsungan kagiatan usaha hulu migas, mangka 
> berdasarkan Perpres No. 95/2012, dibentukan Satuan Kerja Sementara Pelaksana 
> Migas, sakabeh fungsi dan tugas jeung pagawe ex bpmigas beralih ka 
> skspmigas, bla...bla....bla..........kahareupna mun nawarkeun wilayah kerja 
> (blok) ka pihak investor kudu pilih-pilih. Bikeun blok anu rada garing ka 
> pihak asing jeung tawarkeun blok anu rada lintuk ka investor 
> domestik.......bla..bla...bla................ bpmigas boros jeung mobil 
> pajabatna mewah..............bla...bla....."
>  
> Anu digaris bawahi ku kuring omongan saurang Menteri ESDM dina masalah 
> penawaran wilayah kerja. Mun anu ngomong Menteri Sosial wajar, tapi ieu anu 
> ngomong Menteri ESDM, piraku henteu nyaho peran jeung fungsi bpmigas. Anu 
> ngabogaan wewenang pikeun nawarkeun wilayah kerja/blok ka pihak investor 
> nyaeta Dirjen. Migas. Terus naha bisa katempo eta di handapeun taneuh aya 
> kandungan minyak atawa henteu. Tangtu teu katempo, naha saurang Menteri ESDM 
> bisa ngomong "mun blok garing bikeun ka pihak asing, anu blok gemuk bikeun ka 
> investor domestik" Eta menteri ESDM salah ngomong atawa teu ngarti.
>  
> Kawenangan menawarkan wk Dirjen Migas, sanggeus aya kasanggupan pihak 
> investor kakara bpmigas dititah nyieun kasapakatan nyaeta penandatanganan 
> perjanjian kontrak kerja sama. BPMIGAS atas nama Pemerintah menandatangani 
> kontrak kerja sama bagi hasil jeung pihak kontraktor boh asing atawa 
> domestik. Ceuk Dirjen Migas "hey bpmigas, tah uing geus nawarkeun ka si "A" 
> wk/blok Curo Hideung, jeung si "A" geus sapakat, ayeuna maneh (bpmigas) jieun 
> surat perjanjian kontrak bagi hasil.  Sanggeus diayakeun penandatangan 
> kerja sama kontrak bagi hasil saterusna maneh (bpmigas) awasi jeung bantu 
> kagiatan operasionalna eta si "A", tah kitu ceuk Dirjen Migas.
> Saterusna bpmigas ngawasi jeung ngabantu eta kagiatan ti survey seismik, 
> eksplorasi sampe ka esploitasi (produksi), sakabeh biaya jeung teknologi 
> ditanggung heula ku si "A".  Saumpama salila kagiatan si "A" henteu manggih 
> minyak kusabab kandungan anu aya henteu potensial pikeun dieksploitasi, 
> mangka pamarentah henteu nanggung biaya. Sabalikna mun potensial pikeun 
> dieksploitasi sampe ka produksi mangka aya bagi hasil, anu sakabeh biaya anu 
> geus dikaluarkeun ku si "A" bakal di ganti liwat "cost recovery".
> bpmigas salaku pangawas lain saukur ngawasi tapi ngendalikeun dina sagala 
> rupa utamana pengendalian biaya operasi anu bakal di cost recovery. bpmigas 
> bisa nekan semaksimal mungkin sangkan kegiatan operasi hulu migas bisa 
> dilakukan efisien jeung efektif, anu tujuanna sangkan pendapatan negara bisa 
> gede. Sabenerna bpmigas teh bemperna pamarentah, mun isuk pageto aya 
> pacengkadan jeung pihak investor, mangka anu jadi tuntutan nyaeta bpmigas.
>  
> Tah kitu cuplikan fungsi jeung tugas bpmigas, tapi kunaon eta saurang Menteri 
> ESDM bisa ngomong kitu?
>  
> Pantes di urang loba pajabat ibarat pamaen lenong, asal bisa tampil jeung 
> bisa ngomong, urusan penganyahomah urusan tukang.
>  
> Selamat kepada para pemain lenong!!!!
>  
> 
> -- 
> 
> Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".
>  
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke