Baraya sadaya,

Bieu pisan abah Nanu nga-sms, ngulem ka si kuring. Ieu uleman tos kenging
izin ti anjeunna tiasa disalabarkeun ka milist. Kieu cenah unina uleman teh:
#
Sampurasun, dina raraga Ngaruat Bumi & Hajat Buruan, NGULEM dihaturan
sumping nyakseni gelar 'REMPUG TARUNG ADU TOMAT' (Perang Tomat) dinten
Kemis 29 November 2012 tbh 9.00 wib rengse, tempat RW 03 Kmp. Cikareumbi,
Desa Cikidang, Kec. Lembang, Kabupaten Bandung Barat (KBB).
Agenda Acara Kemis 29 Nov 2012 :
*tbh 06.00 - 08.00 wib Mitembeyan Numbal Mencit Embe di Hulu wotan Cai
Gunung Hejo.
*tbh 08.00 - 09.00 wib Hajat Buruan, sedekahan Murak Tumpeng & Cai Karamat.
*tbh 09.00 - 10.00 wib Helaran.
*tbh 10.00 - 12.00 wib REMPUG TARUNG ADU TOMAT.
*tbh 12.00 - 16.00 wib Hiburan rakyat
*tbh 20.00 Wib rengse Wayang Ruatan.
(Bah Nanu)#

Mangga, ka para wargi lan baraya sadaya anu aya waktu keur kabeneran aya di
Bandung, dihaturanan sumping ngaluuhan eta acara "Ruwat Bumi & Hajat
Buruan".

manar

Kirim email ke