Ngeunaan rempug tarung ngadu tomat, kamari si kuring langsung nanyakeun ka abah Nanu, boh soal tomat anu dipake silih baledog, atawa soal orsinilitas eta kaulinan. Saur abah Nanu, tomat anu digunakeun nyaeta tomat anu buruk. Jadi, samemehna aya kagiatan milih heula tomat, misahkeun anu goreng (anu buruk) tina tomat anu aralus. Tah saterusna, eta tomat anu buruk anu dipake kaulinan rempug adu tomat. Ngeunaan orsinilitas kaulinan, nya mungkin aya pangaruh ti Spanyol tea, tapi anu digunakeun dina kaulinan di Lembang mah tomat buruk tea, jadi teu miceunan tomat.
Hiji deui katerangan ngeunaan kecap "numbal", bisi aya citra musyrik tina eta kagiatan (terus engke jadi bahan bentar pamadegan deui :)). Sakumaha kamari katerangan abah Nanu dina telepon, eta acara meuncit embe teh ukur tempatna wae di hulu wotan (sirah cai), tapi ari tujuan jeung cara meuncitna mah make cara Islam. Di hulu wotan sakalian oge ngala cai, cai herang tea (atawa istilah adat mah: cai karamat/karomah). Terus eta daging embe teh dipurak babarengan - minangka syukuran - dina acara "Hajat Buruan, Murak Tumpeng (dagingna daging domba anu tadi dipeuncit - make cara Islam - di sirah cai) & Cai Karamat" (cai asak meunang naheur, sumber cai ti hulu wotan tea). Keur kuring mah sakitu oge lumayan, masyarakat masih aya guay, boga keneh tanaga, pikeun sawaktu-waktu nguliat ngayakeun kagiatan bari jeung tujuanana sakitu luhurna, diantarana: miara sirah cai. Cag. manar 2012/11/25 Dikdik <[email protected]> > ** > > > ** Di urang mah resep kitu, sok tuturut ka munding > Nu penting gaya... > heheh > ------------------------------ > *From: * [email protected] > *Sender: * [email protected] > *Date: *Sun, 25 Nov 2012 09:10:27 +0000 > *To: *kisunda<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Subject: *Re: [kisunda] Acara adat: Ngaruwat Bumi jeung Hajat Buruan di > Kec Lembang > > Eta babaledogan tomat tos ti munggaran atanapi ayana kadieunakeun. Lamun > kadieunakeun mah asa lebaran panuju jeung pamendak kang Hasan. Kawas di > Lombok babaledogan leupeut kulantaran geus tradisi ti baheula (200 taunan) > nya dituluykeun masing loba nu usul ganti jadi botram leupeut sapanjang > senggigi. > Powered by Telkomsel BlackBerry® > ------------------------------ > *From: * Ki Hasan <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Sun, 25 Nov 2012 13:17:34 +0800 > *To: *<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Subject: *Re: [kisunda] Acara adat: Ngaruwat Bumi jeung Hajat Buruan di > Kec Lembang > > > > Wilujeng. Ngan eta we nya geuning tuturuti budaya batur, niru-niru "pesta > tomat" orang Spanyol, Keur naon miceunan tomat teu puguh, dipake perang. > Atuh mending ge tomatna mah tong dipake perang, mending diarak ka lembur > uing, dibagikeun ka nu butuh. Ngarah jiga pesta, bere ngaran ngaya, "Pesta > Seba Tomat Ka Tatangga". > > 2012/11/25 oman abdurahman <[email protected]> > >> ** >> >> >> Baraya sadaya, >> >> Bieu pisan abah Nanu nga-sms, ngulem ka si kuring. Ieu uleman tos kenging >> izin ti anjeunna tiasa disalabarkeun ka milist. Kieu cenah unina uleman teh: >> # >> Sampurasun, dina raraga Ngaruat Bumi & Hajat Buruan, NGULEM dihaturan >> sumping nyakseni gelar 'REMPUG TARUNG ADU TOMAT' (Perang Tomat) dinten >> Kemis 29 November 2012 tbh 9.00 wib rengse, tempat RW 03 Kmp. Cikareumbi, >> Desa Cikidang, Kec. Lembang, Kabupaten Bandung Barat (KBB). >> Agenda Acara Kemis 29 Nov 2012 : >> *tbh 06.00 - 08.00 wib Mitembeyan Numbal Mencit Embe di Hulu wotan Cai >> Gunung Hejo. >> *tbh 08.00 - 09.00 wib Hajat Buruan, sedekahan Murak Tumpeng & Cai >> Karamat. >> *tbh 09.00 - 10.00 wib Helaran. >> *tbh 10.00 - 12.00 wib REMPUG TARUNG ADU TOMAT. >> *tbh 12.00 - 16.00 wib Hiburan rakyat >> *tbh 20.00 Wib rengse Wayang Ruatan. >> (Bah Nanu)# >> >> Mangga, ka para wargi lan baraya sadaya anu aya waktu keur kabeneran aya >> di Bandung, dihaturanan sumping ngaluuhan eta acara "Ruwat Bumi & Hajat >> Buruan". >> >> manar >> >> > >
