Muhun asa ku lebar nya. Nanging ari keukeuh-keukeuh teuing mah hoyong 
babaledoga, komaha pami digentos ku babaledogan kadu we atuh, wareg geura 
sakali kabaledog ge. ....:-)

Nuhun


------------------------------
On Sun, Nov 25, 2012 4:10 PM ICT [email protected] wrote:

>Eta babaledogan tomat tos ti munggaran atanapi ayana kadieunakeun. Lamun 
>kadieunakeun mah asa lebaran panuju jeung pamendak kang Hasan. Kawas di Lombok 
>babaledogan leupeut kulantaran geus tradisi ti baheula (200 taunan) nya 
>dituluykeun masing loba nu usul ganti jadi botram leupeut sapanjang senggigi.
>Powered by Telkomsel BlackBerry®
>
>-----Original Message-----
>From: Ki Hasan <[email protected]>
>Sender: [email protected]
>Date: Sun, 25 Nov 2012 13:17:34 
>To: <[email protected]>
>Reply-To: [email protected]
>Subject: Re: [kisunda] Acara adat: Ngaruwat Bumi jeung Hajat Buruan di Kec 
>Lembang
>
>Wilujeng. Ngan eta we nya geuning tuturuti budaya batur, niru-niru "pesta
>tomat" orang Spanyol, Keur naon miceunan tomat teu puguh, dipake perang.
>Atuh mending ge tomatna mah tong dipake perang, mending diarak ka lembur
>uing, dibagikeun ka nu butuh. Ngarah jiga pesta, bere ngaran ngaya, "Pesta
>Seba Tomat Ka Tatangga".
>
>2012/11/25 oman abdurahman <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> Baraya sadaya,
>>
>> Bieu pisan abah Nanu nga-sms, ngulem ka si kuring. Ieu uleman tos kenging
>> izin ti anjeunna tiasa disalabarkeun ka milist. Kieu cenah unina uleman teh:
>> #
>> Sampurasun, dina raraga Ngaruat Bumi & Hajat Buruan, NGULEM dihaturan
>> sumping nyakseni gelar 'REMPUG TARUNG ADU TOMAT' (Perang Tomat) dinten
>> Kemis 29 November 2012 tbh 9.00 wib rengse, tempat RW 03 Kmp. Cikareumbi,
>> Desa Cikidang, Kec. Lembang, Kabupaten Bandung Barat (KBB).
>> Agenda Acara Kemis 29 Nov 2012 :
>> *tbh 06.00 - 08.00 wib Mitembeyan Numbal Mencit Embe di Hulu wotan Cai
>> Gunung Hejo.
>> *tbh 08.00 - 09.00 wib Hajat Buruan, sedekahan Murak Tumpeng & Cai Karamat.
>> *tbh 09.00 - 10.00 wib Helaran.
>> *tbh 10.00 - 12.00 wib REMPUG TARUNG ADU TOMAT.
>> *tbh 12.00 - 16.00 wib Hiburan rakyat
>> *tbh 20.00 Wib rengse Wayang Ruatan.
>> (Bah Nanu)#
>>
>> Mangga, ka para wargi lan baraya sadaya anu aya waktu keur kabeneran aya
>> di Bandung, dihaturanan sumping ngaluuhan eta acara "Ruwat Bumi & Hajat
>> Buruan".
>>
>> manar
>>
>>  
>>
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke