Enya uing ge eta, Kang RH. Asa ku teungteuingeun teh, ka sampeu-sampeu nu
melakna gampil, jaba lahan lega, na nepi ka kudu ngimpor.

2012/12/11 rsyaifoel <[email protected]>

>
>
> --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
> >
> > Taneuh lega, tinggal nancebkeun ge jadi. Tapi sampeu ge nepi ka impor
> > sagala.
>
> >
> > "Pemerintah seharusnya lebih selektif dalam menentukan komuditi yang
> harus
> > di impor. Lazimnya, tidak semua yang diminta oleh pedagang atau importir
> > harus dipenuhi, donk. Kasihan nasib petani kita," tegasnya.
> >
> >
>
> Ke ke ke.... ari pamarentah teh ngarangkep jadi importir oge kitu? Asa teu
> kaharti kalimat di luhur. Mun kuring sabage importir nempo lolongkrang
> bisnis ngimpor hui, naon salahna? Tukang bisnis mah anu ditempona...
> kauntungan, lain nasionalismeu! Mun bisa meuli hui leuwih murah ti Thailand
> bari kualitasna alus... sigana mah jurus eta anu dipake ku tukang bisnis
> mah. Pan mun can bisa nyieun mobil satara BMW jelema pa ngimpor BMW oge ti
> Jerman lin?:))
>
> Tapi, maca warta di lluhur sagemblengna, kuring ngarasa handeueul oge. Teu
> pira.... ka sampeu2 KUDU make ngimpor! Na teu becus nyieun sampeu2 acan
> atuh! Kumaha ieu teh? Tilu taun ka tukang kuring nempo kebon sampeu uplik
> aplak satungtung deuleu di Thailand. Asa can nempo manajemen pertanian
> samodel kieu di urang.... Padahal mun nempo lahan pertanian urang sablag2.
> Ngan teu dipake jeung dimenej anu bener?
>
> Lah, kumaha atuh, ngan keok jeung keok deui bae. Sampeu ngimpor, uyah
> ngimpor, bengsin ngimpor.... beas ngimpor, agama(?).... ngimpor oge he he
> he....
>

Kirim email ke