Hahahaha ! Revolusioner pisan ieu tulisan KH teh. Nepi ka geunjleung di sorga 
Manilokaa. Bhatara Guru Jagatnata marentahkeun Narada kudu nyetop eta kalakuan 
para Kurawa....
salajengna mah kumaha aranjeun sadaya ....

--- On Thu, 13/12/12, Ki Hasan <[email protected]> wrote:

From: Ki Hasan <[email protected]>
Subject: [kisunda] Fiksimini - Kurawa Dalang?
To: "Ki Sunda" <[email protected]>
Cc: "Urang Sunda" <[email protected]>, "Baraya Sunda" 
<[email protected]>
Received: Thursday, 13 December, 2012, 5:59 AM
















 



  


    
      
      
      Fikmin #Kurawa Dalang#

"Asa piraku wayang saratus, éléh waé ku lima wayang!" Kitu ceuk pikir Suyudana. 
"Gara-gara Dalang biluk ka Pandawa! Dalang déngdék topi!" Sangkuni mairan. 
"Cangkalak Dalangna Dak! Téwaaak!" témbal Dorna ngadurukan amarah Kurawa. 
"Cangkalak Dalang! Cangkalak Dalang!" Dursasana ngeprak wadiabalad Kurawa. 
Dunya wayang ngadadak campuh. Ngaguruh. Angkutan kota lumpuh. Pabrik-pabrik 
rusuh. Pagawe pabrik turun ka jalan: Démo! Anték-anték Kurawa ngungudag Dalang. 
Dicangkalak! Diraponan! Dijagragkeun ka pangadilan Déwan Revolusi Kurawa. 
"Ayeuna ieu Dalang kédah dikumahakeun, Paman Dorna, Paman Sangkuni?" tanya 
Suyudana ménta tinimbangan. "Gantung di alun-alun! Pétruskeun! Munirkeun!" 
réang wadiabalad Kurawa tambah manasan. "Teu kudu dipaténi," jawab Sangkuni, 
"Mending ieu Dalang urang wayangkeun!" pungkasna. "Akuuur ...! Panujuuu ...!" 
rahayat Kurawa émprak-émprakan. "Ieu Dalang urang sina ngimpor sampeu, uyah, 
cabé, béas, jeung sapi!" Pandita
 Dorna méré putusan. 



    
     

    
    






  








Kirim email ke