Fikmin #Kurawa Dalang#

"Asa piraku wayang saratus, éléh waé ku lima wayang!" Kitu ceuk pikir
Suyudana. "Gara-gara Dalang biluk ka Pandawa! Dalang déngdék topi!"
Sangkuni mairan. "Cangkalak Dalangna Dak! Téwaaak!" témbal Dorna ngadurukan
amarah Kurawa. "Cangkalak Dalang! Cangkalak Dalang!" Dursasana ngeprak
wadiabalad Kurawa. Dunya wayang ngadadak campuh. Ngaguruh. Angkutan kota
lumpuh. Pabrik-pabrik rusuh. Pagawe pabrik turun ka jalan: Démo!
Anték-anték Kurawa ngungudag Dalang. Dicangkalak! Diraponan! Dijagragkeun
ka pangadilan Déwan Revolusi Kurawa. "Ayeuna ieu Dalang kédah dikumahakeun,
Paman Dorna, Paman Sangkuni?" tanya Suyudana ménta tinimbangan. "Gantung di
alun-alun! Pétruskeun! Munirkeun!" réang wadiabalad Kurawa tambah manasan.
"Teu kudu dipaténi," jawab Sangkuni, "Mending ieu Dalang urang wayangkeun!"
pungkasna. "Akuuur ...! Panujuuu ...!" rahayat Kurawa émprak-émprakan. "Ieu
Dalang urang sina ngimpor sampeu, uyah, cabé, béas, jeung sapi!" Pandita
Dorna méré putusan.

Kirim email ke