Conto fikmin nyampurkeun dua dunya. Dunya wayang sareng dunya kahirupan nyata. 
Tapi aya harti "dalang" anu hartosna calo.
Ceuk kuring mah, ieu fikmin anu safikmin fikminna, saluyu sareng conto definisi 
fikmin anu kantos dipostingkeun ku Mang Jamal baheula.

mrachmatrawyani




________________________________
 From: Abbas Amien <[email protected]>
To: [email protected] 
Sent: Thursday, December 13, 2012 1:00 AM
Subject: Re: [kisunda] Fiksimini - Kurawa Dalang?
 

  
Hahahaha ! Revolusioner pisan ieu tulisan KH teh. Nepi ka geunjleung di sorga 
Manilokaa. Bhatara Guru Jagatnata marentahkeun Narada kudu nyetop eta kalakuan 
para Kurawa....
salajengna mah kumaha aranjeun sadaya ....

--- On Thu, 13/12/12, Ki Hasan <[email protected]> wrote:


>From: Ki Hasan <[email protected]>
>Subject: [kisunda] Fiksimini - Kurawa Dalang?
>To: "Ki Sunda" <[email protected]>
>Cc: "Urang Sunda" <[email protected]>, "Baraya Sunda" 
><[email protected]>
>Received: Thursday, 13 December, 2012, 5:59 AM
>
>
>  
>Fikmin #Kurawa Dalang#
>
>"Asa piraku wayang saratus, éléh waé ku lima wayang!" Kitu ceuk pikir 
>Suyudana. "Gara-gara Dalang biluk ka Pandawa! Dalang déngdék topi!" Sangkuni 
>mairan. "Cangkalak Dalangna Dak! Téwaaak!" témbal Dorna ngadurukan amarah 
>Kurawa. "Cangkalak Dalang! Cangkalak Dalang!" Dursasana ngeprak wadiabalad 
>Kurawa. Dunya wayang ngadadak campuh. Ngaguruh. Angkutan kota lumpuh. 
>Pabrik-pabrik rusuh. Pagawe pabrik turun ka jalan: Démo! Anték-anték Kurawa 
>ngungudag Dalang. Dicangkalak! Diraponan! Dijagragkeun ka pangadilan Déwan 
>Revolusi Kurawa. "Ayeuna ieu Dalang kédah dikumahakeun, Paman Dorna, Paman 
>Sangkuni?" tanya Suyudana ménta tinimbangan. "Gantung di alun-alun! 
>Pétruskeun! Munirkeun!" réang wadiabalad Kurawa tambah manasan. "Teu kudu 
>dipaténi," jawab Sangkuni, "Mending ieu Dalang urang wayangkeun!" pungkasna. 
>"Akuuur ...! Panujuuu ...!" rahayat Kurawa émprak-émprakan. "Ieu Dalang urang 
>sina ngimpor sampeu,
 uyah, cabé, béas, jeung sapi!" Pandita Dorna méré putusan. 
> 
 

Kirim email ke