Sanggeus hasil ngabangkol Ki Sarwa, eta gorombolan teh terus mundur; rupana tujuanana ngan nangkep Ki Sarwa ieu. Tujuanana meureun rek meres Ki Sarlita supaya daek mayar ku DUIT nu gede pikeun kasalametan Ki Sarwa; ari rombongan mah disina maju deui we ka Batavia, bari marawa nu taratu.
Ki Widagdo bungah pisan, ti na geus hasil nyulik Ki Sarwa; bari teu kudu loba maehan nu sejen; jeung teu kudu ngaganggu barang Kumpeni; bari mawa Ki Sarwa maranehna indit ka Wetankeun, bari sajajalan ting cakakak seuri. Tapi teu kanyahoan … heaaat … jlek dihareupeun gorombolan ngolebat hiji sosok nu kesit pisan lir manuk walet nyirorot ti luhur. Para gorombolan singa Barong karaget; tapi barang ditempo nu megat teh hiji wanoja nu dedeganana langsing/lenjang; paromanna Kacida manisna; kulitna koneng aya sari2 hideung; make pakean sing sarwa hideung Hiji awewe nu masih ngora keneh, make pakean hideung buuk dirumbaykeun dibeungkeut ku pita hejo megatan eta rombongan culik. Eta wanoja teh ngajega ditengah jalan bari nulak cangkeng; terus nyorowok :”Eh gorombolan Singa Barong, ti iraha maraneh jadi tukang culik !?” Ki Widagdo tadina mah nyangka eta teh Mawar Hideung; tapi sanggeus katempo teu make pakean nu nandakeun Mawar Hideung, manehna teger deui; terus we nyakakak seuri :”Hahahaha ! enduk, geulis2 tapi nuduh ka batur ….” “Heh ! tong ngangles, itu ditengah tengah kaciri hiji pamuda diborogod …. Hayoh buka borogodna ! jeung rek dibawa kamana eta pamuda teh ?” Sajeroning eta Wanoja nyarita; Ki Sarwa mani olohok mata simeuteun; uluh manis pisan ieu awewe teh; jeung aya ku wanian deuih; aduh kumaha mun manehna engke dikoroyok ku ieu penjahat lobaan ? Padahal rek ngabela aing; mun aing cicingeun; aing lain lalaki. Teu nyaho aya wawanen ti mana corowok we Ki Sarwa :”Enden … tong pipilueun, gancang kabur ti dieu; keun we kuring mah … “ Kakara ge sakitu Ki Sarwa nyarita kaplok we dicabok ku nu ngawal manehna :”Tong pipilueun nyarita siah !” Pletak ! aduh ! … gubrag we eta si nu nyabok si Sarwa tiguling ti na kudana lantaran di baledog ku eta wanoja. Sakabeh gorombolan kaasup Ki Widagdo kacida rareuwasna; eta tanda yen si Wanoja lain Pendekar sambarangan. Sanggeus narik napas nenangkeun diri Ki Widagdo nyarita, di sopan2 keun :”Eh naon sababna Nyai pipilueun masalah Singa Barong ? sebutkeun aran jeung paguron sampeyan, bisi pajarkeun Singa Barong ngahina ka budak ngora !” Hanca
