Tah geuning sok tareguh deui; saha tah Pendekar Wanoja teh !? Hahahaha.
Sok lah ngaramekeun.

--- On Wed, 2/1/13, M Subhan Zakaria <[email protected]> wrote:

From: M Subhan Zakaria <[email protected]>
Subject: RE: [kisunda] Cersil Sunda 315
To: [email protected]
Received: Wednesday, 2 January, 2013, 6:42 AM
















 



  


    
      
      
      Jigana mah Sari nya Bah wanoja eta teh, nu rek mudik ka lemburna.  From: 
[email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Abbas 
Amien
Sent: Wednesday, January 02, 2013 11:53 AM
To: kisunda; urangsunda
Subject: [kisunda] Cersil Sunda 315    Sanggeus hasil ngabangkol Ki Sarwa, eta 
gorombolan teh terus mundur; rupana tujuanana ngan nangkep Ki Sarwa ieu. 
Tujuanana meureun rek meres Ki Sarlita supaya daek mayar ku DUIT nu gede pikeun 
kasalametan Ki Sarwa; ari rombongan mah disina maju deui we ka Batavia, bari 
marawa nu taratu.  Ki Widagdo bungah pisan, ti na geus hasil nyulik Ki Sarwa; 
bari teu kudu loba maehan nu sejen; jeung teu kudu ngaganggu barang Kumpeni; 
bari mawa Ki Sarwa maranehna indit ka Wetankeun, bari sajajalan ting cakakak 
seuri.  Tapi teu kanyahoan … heaaat … jlek dihareupeun gorombolan ngolebat hiji 
sosok nu kesit pisan lir manuk walet nyirorot ti luhur. Para gorombolan singa 
Barong karaget; tapi barang ditempo nu megat teh hiji wanoja nu dedeganana 
langsing/lenjang; paromanna Kacida manisna; kulitna koneng aya sari2 hideung; 
make pakean sing sarwa hideung   Hiji awewe nu masih ngora keneh, make pakean 
hideung buuk dirumbaykeun
 dibeungkeut ku pita hejo megatan eta rombongan culik. Eta wanoja teh ngajega 
ditengah jalan bari nulak cangkeng; terus nyorowok :”Eh gorombolan Singa 
Barong, ti iraha maraneh jadi tukang culik !?”  Ki Widagdo tadina mah nyangka 
eta teh Mawar Hideung; tapi sanggeus katempo teu make pakean nu nandakeun Mawar 
Hideung, manehna teger deui; terus we nyakakak seuri :”Hahahaha ! enduk, 
geulis2 tapi nuduh ka batur ….”  “Heh ! tong ngangles, itu ditengah tengah 
kaciri hiji pamuda diborogod …. Hayoh buka borogodna ! jeung rek dibawa kamana 
eta pamuda teh ?”  Sajeroning eta Wanoja nyarita; Ki Sarwa mani olohok mata 
simeuteun; uluh manis pisan ieu awewe teh; jeung aya ku wanian deuih; aduh 
kumaha mun manehna engke dikoroyok ku ieu penjahat lobaan ? Padahal rek ngabela 
aing; mun aing cicingeun; aing lain lalaki. Teu nyaho aya wawanen ti mana 
corowok we Ki Sarwa :”Enden … tong pipilueun, gancang kabur ti dieu; keun we 
kuring mah … “ Kakara
 ge sakitu Ki Sarwa nyarita kaplok we dicabok ku nu ngawal manehna :”Tong 
pipilueun nyarita siah !”  Pletak ! aduh ! … gubrag we eta si nu nyabok si 
Sarwa tiguling ti na kudana lantaran di baledog ku eta wanoja.   Sakabeh 
gorombolan kaasup Ki Widagdo kacida rareuwasna; eta tanda yen si Wanoja lain 
Pendekar sambarangan.  Sanggeus narik napas nenangkeun diri Ki Widagdo nyarita, 
di sopan2 keun :”Eh naon sababna Nyai pipilueun masalah Singa Barong ? 
sebutkeun aran jeung paguron sampeyan, bisi pajarkeun Singa Barong ngahina ka  
budak ngora !”  HancaNo virus found in this message.
Checked by AVG - www.avg.com
Version: 2013.0.2805 / Virus Database: 2637/5998 - Release Date: 12/30/12 

    
     

    
    






  








Kirim email ke