Jigana mah Sari nya Bah wanoja eta teh, nu rek mudik ka lemburna.

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of 
Abbas Amien
Sent: Wednesday, January 02, 2013 11:53 AM
To: kisunda; urangsunda
Subject: [kisunda] Cersil Sunda 315

 

  



Sanggeus hasil ngabangkol Ki Sarwa, eta gorombolan teh terus mundur; rupana 
tujuanana ngan nangkep Ki Sarwa ieu. Tujuanana meureun rek meres Ki Sarlita 
supaya daek mayar ku DUIT nu gede pikeun kasalametan Ki Sarwa; ari rombongan 
mah disina maju deui we ka Batavia, bari marawa nu taratu.

 

Ki Widagdo bungah pisan, ti na geus hasil nyulik Ki Sarwa; bari teu kudu loba 
maehan nu sejen; jeung teu kudu ngaganggu barang Kumpeni; bari mawa Ki Sarwa 
maranehna indit ka Wetankeun, bari sajajalan ting cakakak seuri.

 

Tapi teu kanyahoan … heaaat … jlek dihareupeun gorombolan ngolebat hiji sosok 
nu kesit pisan lir manuk walet nyirorot ti luhur. Para gorombolan singa Barong 
karaget; tapi barang ditempo nu megat teh hiji wanoja nu dedeganana 
langsing/lenjang; paromanna Kacida manisna; kulitna koneng aya sari2 hideung; 
make pakean sing sarwa hideung 

 

Hiji awewe nu masih ngora keneh, make pakean hideung buuk dirumbaykeun 
dibeungkeut ku pita hejo megatan eta rombongan culik. Eta wanoja teh ngajega 
ditengah jalan bari nulak cangkeng; terus nyorowok :”Eh gorombolan Singa 
Barong, ti iraha maraneh jadi tukang culik !?”

 

Ki Widagdo tadina mah nyangka eta teh Mawar Hideung; tapi sanggeus katempo teu 
make pakean nu nandakeun Mawar Hideung, manehna teger deui; terus we nyakakak 
seuri :”Hahahaha ! enduk, geulis2 tapi nuduh ka batur ….”

 

“Heh ! tong ngangles, itu ditengah tengah kaciri hiji pamuda diborogod …. Hayoh 
buka borogodna ! jeung rek dibawa kamana eta pamuda teh ?”

 

Sajeroning eta Wanoja nyarita; Ki Sarwa mani olohok mata simeuteun; uluh manis 
pisan ieu awewe teh; jeung aya ku wanian deuih; aduh kumaha mun manehna engke 
dikoroyok ku ieu penjahat lobaan ? Padahal rek ngabela aing; mun aing 
cicingeun; aing lain lalaki. Teu nyaho aya wawanen ti mana corowok we Ki Sarwa 
:”Enden … tong pipilueun, gancang kabur ti dieu; keun we kuring mah … “ Kakara 
ge sakitu Ki Sarwa nyarita kaplok we dicabok ku nu ngawal manehna :”Tong 
pipilueun nyarita siah !”

 

Pletak ! aduh ! … gubrag we eta si nu nyabok si Sarwa tiguling ti na kudana 
lantaran di baledog ku eta wanoja. 

 

Sakabeh gorombolan kaasup Ki Widagdo kacida rareuwasna; eta tanda yen si Wanoja 
lain Pendekar sambarangan.

 

Sanggeus narik napas nenangkeun diri Ki Widagdo nyarita, di sopan2 keun :”Eh 
naon sababna Nyai pipilueun masalah Singa Barong ? sebutkeun aran jeung paguron 
sampeyan, bisi pajarkeun Singa Barong ngahina ka  budak ngora !”

 

Hanca



  _____  

No virus found in this message.
Checked by AVG - www.avg.com
Version: 2013.0.2805 / Virus Database: 2637/5998 - Release Date: 12/30/12

Kirim email ke