Maca cersil sunda bagian ka 334, pikiran kuring jadi ngacacang ngabayangkeun kana film-dilm carita koboy (western) jeung film jepang jaman Samurai. Punten upama analisana rada ngaco.
Dina dunya kapendekaran, hal nu biasa upama anak jeung kolot teu pati kenal, atawa salaki, pamajikan pa unggul-unggul dina perkara kanuragan. Teu pati mirosea perkara etika/moral. anu jadi ukuran ngan perkara kaunggulan jeung kadigjayaan elmu kanuragan. Siga carita dina film-film koboy jaman wild wild west tea.. Nu boga lalakon pang jagona dina perkara nyabut pestol nelasan lawan-lawanna. Lawanna koboy biasana suku Indian. Tapi kabehdieunakeun, para koboy urang Barat, aya oge anu simpati ka Urang Indian. Tapi pola film koboy nganut falsafah "hitam-putih" dina jalan caritana.Maksuna "hitam-putih" di dieu teh jalam anu ngabela beberan pasti bisa ngelehkeun jalma jahat. Bandingkeun jeung carita-carita "koboy" ti Jepang, jaman Samurai. Sok sanajan masih aya kesan carita "hitam-putih" siga sababaraha film garapan sutradara Akira Kurosawa, aya oge film Jepang anu heuteu samata-mata "hitam-putih" siga carita novel Musashi anu di filmkeun. Cersil Sunda Bah Abbas, upama dititenan diandingkeun jeung film koboy, aya kasarupaan dina perkara jalan carita anu "hitam-putih". Tapi aya memper-memper nganut aliran film Jepang, dimana dina sababaraha epsiode, digambarkeun kumaha para palakuna, ngajukeun konflik batin anu merlukeun pamikiran anu jero ( falsafah). Sok sanajan saliwat, Cersil Bah abbas oge nyinggung atawa nyabit-nyabit oge perkara kaayaan di lingkungan pasantren, lingkungan bupati pangreh praja, oge perkara kahirupan urang walanda perkebunan jeung aya nyabit-nyabit nasionalisme. Pasti bangga (hese) ngagabungkeun carita anu aya pakaitna kana perkara anu di luhur. Sabab, merlukeun pengetahuan anu jero, kumaha kaayaan pasantren jaman harita, situasi di lingkungan kulawarga pangreh praja, jeung kaayaan jaman penjajahan walanda jaman harita. mrachmatrawyani --- On Wed, 1/16/13, Abbas Amien <[email protected]> wrote: From: Abbas Amien <[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Cersil Sunda 334 To: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" <[email protected]> Date: Wednesday, January 16, 2013, 10:56 PM Rada reuwas oge Lasmini; tapi sadar yen lamun enya ieu bapana, tangtu wae tanagana jeung kasaktianana saluhureun manehna; tapi Lasmini teu ngeunah hate; lantaran nyata bapana lain kaluar nyambut manehna; malah tina omonganana teu kaciri yen eta jelema apal ka Lasmini. Wah ieu teh enyaan bapa aing atawa lain ? Cek Lasmini na hatena. Lasmini geus nekad rek nyorobot; sagala risikona rek pasrah we. Sigana Lasmini ngarasa geus beak kasabaran, beak harepan; tapi harita Nini Anti oge geus luncat ka hareup miheulaan Lasmini; bari ngaluarkeun jurus tapak wesi tingkat hiji. Kadenge sora kaget ti jelema nu nyumput; tapi terus aya hiji bayangan kaluar nakis dua serangan ti Lasmini ku senjata rasiah jeung serangan Tapak Wesi Nini Anti; anu saterusna ngarupakeun bayangan nu ting suliwer hareupeun eta dua Pendekar Wanita. Hasilna kedok Nini Anti beunang kacabut; senjata rasiah Lasmini pa ting suliwer teu puguh tujuanana; sawareh katewak ku eta bayangan; nu bari seuri ngagak gak. Ari Lasmini kadorong mani sababaraha kali tigugulitik. Nini Anti nu geus jadi Padmini mani ngajerit; ku kaget2na. “Eh Nurustunjung siah ! Aing rek ngadu jiwa jeung maneh !” Bari Padmini nyerang ku jurus nu hebat. Eta jelema nu memang Ki Nurustunjung, kacida kagetna barang nempo nu datang teh nyata Nyi Padmini; terus wae rek ngacir; bari nyorowok :”Nyi Padmini, mun rek nyicingan ieu tempat; pek we moal dikoretkeun.” Manehna ampir ngiles terus Padmini ngirim sora yen Ki Nurustunjung geus nyilakakeun anakna sorangan; nu padahal ngahaja datang hayang panggih jeung bapana. Waktu inditna eta jelema nu nyata Ki Nurusstunjung, ngan sakilat. Tapi ayeuna ngan sakilat deui manehna geus datang deui hareupeun Nyi Padmini. Terus we nanya bari siga kaget jeung heran :” Anak ? uing boga anak !?” “Enya tuh ! Ku kalakuan maneh nu teu parok jeung batur; anak maneh teh geus ngajehjer ; teu nyaho masih hirup keneh, tawa geus paeh.” Ki Nurustunjung barang ngadenge yen eta teh anakna, mani ngadaregdeg terus ngadeukeutan Lasmini, maksudna rek nulungan atawa ngubaran. Ditenjokeun we ku Padmini ti kajauhan. Kaciri Ki Nurustunjung ayeuna ngarawu Lasmini bari kaciri paromanna hawatir pisan; awak Lasmini diurutan ku Ki Nurustunjung bari nyalurkeun tanaga jerona. Sanggeus sawatara lilana Lasmini kaciri nguliat; terus manehna kaget nempo aya hiji jelema kaciri geus kolot keur ngurutan awakna; kontan Lasmini ngagurubug hudang terus nyentak:”Heh ! saha maneh !? wani2 nyekelan Kaula hah !” Ki Nurustunjung imut nempo kalakuan Lasmini; manehna malum ; sabab memang Lasmini teu nyahoeun ka Ki Nurustunjung. Nempo imutna Ki Nurustunjung, Lasmini malah jadi tambah amarah terus waktu harita keneh nyerang ku senjataa rasiahna; mangkaning sakitu deukeutnaa. Padmini ge nu teu nyangka bakal kajadian kitu ngajerit ditahan, tanda kaget tapi geus teu bisa ditahan deui. Ki Nurustunjung teu ngarobah ti na diukna jeung siga teu hayang ngalawan; atuh eta peso laleutik teh narancep; ngeunaan Ki Nurustunjung. Ki Nurustunjung tetep imut bari neuteup leleb ka Lasmini. Keur kitu Padmini nyampeurkeun bari pok ngomong :” Geulis. Kade ulah gagabah eta teh bapa sampeyan …. “ “Bapa !?” cek Lasmini bari kaget jeung heran. “Eu sampeyan teh bapa kuring ?” “Bener pisan geulis; kuring teh bapa sampeyan tapi can ngajaran ngurus saeutik eutik acan. Hampura bapa.” “Eh sampeyan bapa kuring; tapi naha jol2 nyerang; teu tunyu tanya deui waktu kuring jeung ibu asup ka ieu karang lungkawing ?” Barang keur kitu Padmini gancang nyampeurkeun; pok nyarita ka Lasmini :” Eulis, saenyana mah Ibu nu salah teh.” Lasmini gancang malik ka ibuna ( Padmini ) ; rada baeud pok Lasmini ngomong :” Biasa Ibu mah ari geus nyieun kabingungan teh, cing mangga atuh Ibu carioskeun nu saujratna; jadi kuring teu bingung.” Padmini :” Senyana mah, kajadian ayeuna memang kasalahan ieu Ki Sangga Perkasa alias Ki Nurustunjung. Manehna sama sakali teu apal yen boga anak hidep; lantaran samemeh euis lahir ieu bapa euis teh indit teu bebeja sama sakali.” Lasmini :” Naha pajar cek Ibu bapa teh indit ngalatih diri; pajar keur nguji kuring…” Padmini :” Lamun ku Ibu dicaritakeun saujratnaa waktu harita meureun euis moal konsentrasi latihan silatna; malah mungkin merenyeng hayang neangan bapa bari teu puguh nu dijugjug; kapan ku carita Ibu harita eulis latihan mani giat pisan.” Hanca
