asli rame bah... ngan ceuk ieu mah kurang didramatisir. kan ngaranna ge idung, 
budak, bapa patepung sanggeus mangalam-alam papisah. mun rada leuwih 
didramatisir mah tangtu ng maca leuwih panasaran..:)
jigana mah jadi yeuh mawar hideung jeung jalma teh nya. salam.


________________________________
 Dari: Abbas Amien <[email protected]>
Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Rabu, 16 Januari 2013 22:56
Judul: [kisunda] Cersil Sunda 334
 

  
Rada reuwas oge Lasmini; tapi sadar yen lamun enya ieu
bapana, tangtu wae tanagana jeung kasaktianana saluhureun manehna; tapi Lasmini
teu ngeunah hate; lantaran nyata bapana lain kaluar nyambut manehna; malah tina
omonganana teu kaciri yen eta jelema apal ka Lasmini. Wah ieu teh enyaan bapa
aing atawa lain ? Cek Lasmini na hatena.

Lasmini geus nekad rek nyorobot; sagala risikona rek pasrah
we. Sigana Lasmini ngarasa geus beak kasabaran, beak harepan; tapi harita Nini
Anti oge geus luncat ka hareup miheulaan Lasmini; bari ngaluarkeun jurus tapak
wesi tingkat  hiji.

Kadenge sora kaget ti jelema nu nyumput; tapi terus aya hiji
bayangan kaluar nakis dua serangan ti Lasmini ku senjata rasiah jeung serangan
Tapak Wesi Nini Anti; anu saterusna ngarupakeun bayangan nu ting suliwer
hareupeun eta dua Pendekar Wanita.

Hasilna kedok Nini Anti beunang kacabut; senjata rasiah Lasmini
pa ting suliwer teu puguh tujuanana; sawareh katewak ku eta bayangan; nu bari
seuri ngagak gak. Ari Lasmini kadorong mani sababaraha kali tigugulitik.

Nini Anti nu geus jadi Padmini mani ngajerit; ku kaget2na.
“Eh Nurustunjung siah ! Aing rek ngadu jiwa jeung maneh !”
Bari Padmini nyerang ku jurus nu hebat. 

Eta jelema nu memang Ki Nurustunjung, kacida kagetna barang
nempo nu datang teh nyata Nyi Padmini; terus wae rek ngacir; bari nyorowok
:”Nyi Padmini, mun rek nyicingan ieu tempat; pek we moal dikoretkeun.”

Manehna ampir ngiles terus Padmini ngirim sora yen Ki
Nurustunjung geus nyilakakeun anakna sorangan; nu padahal ngahaja datang hayang
panggih jeung bapana.

Waktu inditna eta jelema nu nyata Ki Nurusstunjung, ngan
sakilat. Tapi ayeuna ngan sakilat deui manehna geus datang deui hareupeun Nyi
Padmini. Terus we nanya bari siga kaget jeung heran :” Anak ? uing boga anak
!?”

“Enya tuh ! Ku kalakuan maneh nu teu parok jeung batur; anak
maneh teh geus ngajehjer ; teu nyaho masih hirup keneh, tawa geus paeh.”

Ki Nurustunjung barang ngadenge yen eta teh anakna, mani
ngadaregdeg terus ngadeukeutan Lasmini, maksudna rek nulungan atawa ngubaran.
Ditenjokeun we ku Padmini ti kajauhan.

Kaciri Ki Nurustunjung ayeuna ngarawu Lasmini bari kaciri
paromanna hawatir pisan; awak Lasmini diurutan ku Ki Nurustunjung bari
nyalurkeun tanaga jerona. 

Sanggeus sawatara lilana Lasmini kaciri nguliat; terus
manehna kaget nempo aya hiji jelema kaciri geus kolot keur ngurutan awakna;
kontan Lasmini ngagurubug hudang terus nyentak:”Heh ! saha maneh !? wani2
nyekelan Kaula hah !”

Ki Nurustunjung imut nempo kalakuan Lasmini; manehna malum ;
sabab memang Lasmini teu nyahoeun ka Ki Nurustunjung.

Nempo imutna Ki Nurustunjung, Lasmini malah jadi tambah
amarah terus waktu harita keneh nyerang ku senjataa rasiahna; mangkaning sakitu
deukeutnaa. Padmini ge nu teu nyangka bakal kajadian kitu ngajerit ditahan,
tanda kaget tapi geus teu bisa ditahan deui.

Ki Nurustunjung teu ngarobah ti na diukna jeung siga teu
hayang ngalawan; atuh eta peso laleutik teh narancep; ngeunaan Ki Nurustunjung.

Ki Nurustunjung tetep imut bari neuteup leleb ka Lasmini.
Keur kitu Padmini nyampeurkeun bari pok ngomong :” Geulis. Kade ulah gagabah
eta teh bapa sampeyan …. “
“Bapa !?” cek Lasmini bari kaget jeung heran. “Eu sampeyan
teh bapa kuring ?”

“Bener pisan geulis; kuring teh bapa sampeyan tapi can
ngajaran ngurus saeutik eutik acan. Hampura bapa.”

“Eh sampeyan bapa kuring; tapi naha jol2 nyerang; teu tunyu
tanya deui waktu kuring jeung ibu asup ka ieu karang lungkawing ?”

Barang keur kitu Padmini gancang nyampeurkeun; pok nyarita ka
Lasmini :” Eulis, saenyana mah Ibu nu salah teh.”
Lasmini gancang malik ka ibuna ( Padmini ) ; rada baeud pok
Lasmini ngomong :” Biasa Ibu mah ari geus nyieun kabingungan teh, cing mangga
atuh Ibu carioskeun nu saujratna; jadi kuring teu bingung.”

Padmini :” Senyana mah, kajadian ayeuna memang kasalahan ieu
Ki Sangga Perkasa alias Ki Nurustunjung. Manehna sama sakali teu apal yen boga
anak hidep; lantaran samemeh euis lahir ieu bapa euis teh indit teu bebeja sama
sakali.”

Lasmini :” Naha pajar cek Ibu bapa teh indit ngalatih diri;
pajar keur nguji kuring…”

Padmini :” Lamun ku Ibu dicaritakeun saujratnaa waktu harita
meureun euis moal konsentrasi latihan silatna; malah mungkin merenyeng hayang 
neangan
bapa bari teu puguh nu dijugjug; kapan ku carita Ibu harita eulis latihan mani
giat pisan.”

Hanca
   
 

Kirim email ke