Hahahaha ... tadina mah kapikir Padmini bakal sagala nyalahkeun Ki Nurustunjung; tapi waktu diketik, ngaguluyurna los ka dinya; jadi hese ngadramatisirna.
Tah ayeuna ulah kapalang kang Narayana; sok no 333 334 anggap we ternuka; sok kaluarkeun IDENA; sok teu nanaon; cing urang tingali ideuna dugi ka mana ? Mangga diantos pisan; ngarah rada euyeub. Nuhun sateuacanna. --- On Thu, 17/1/13, Narayana Adipranata <[email protected]> wrote: From: Narayana Adipranata <[email protected]> Subject: Bls: [kisunda] Cersil Sunda 334 To: "[email protected]" <[email protected]> Received: Thursday, 17 January, 2013, 4:20 AM asli rame bah... ngan ceuk ieu mah kurang didramatisir. kan ngaranna ge idung, budak, bapa patepung sanggeus mangalam-alam papisah. mun rada leuwih didramatisir mah tangtu ng maca leuwih panasaran..:)jigana mah jadi yeuh mawar hideung jeung jalma teh nya. salam. Dari: Abbas Amien <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Rabu, 16 Januari 2013 22:56 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 334 Rada reuwas oge Lasmini; tapi sadar yen lamun enya ieu bapana, tangtu wae tanagana jeung kasaktianana saluhureun manehna; tapi Lasmini teu ngeunah hate; lantaran nyata bapana lain kaluar nyambut manehna; malah tina omonganana teu kaciri yen eta jelema apal ka Lasmini. Wah ieu teh enyaan bapa aing atawa lain ? Cek Lasmini na hatena. Lasmini geus nekad rek nyorobot; sagala risikona rek pasrah we. Sigana Lasmini ngarasa geus beak kasabaran, beak harepan; tapi harita Nini Anti oge geus luncat ka hareup miheulaan Lasmini; bari ngaluarkeun jurus tapak wesi tingkat hiji. Kadenge sora kaget ti jelema nu nyumput; tapi terus aya hiji bayangan kaluar nakis dua serangan ti Lasmini ku senjata rasiah jeung serangan Tapak Wesi Nini Anti; anu saterusna ngarupakeun bayangan nu ting suliwer hareupeun eta dua Pendekar Wanita. Hasilna kedok Nini Anti beunang kacabut; senjata rasiah Lasmini pa ting suliwer teu puguh tujuanana; sawareh katewak ku eta bayangan; nu bari seuri ngagak gak. Ari Lasmini kadorong mani sababaraha kali tigugulitik. Nini Anti nu geus jadi Padmini mani ngajerit; ku kaget2na. “Eh Nurustunjung siah ! Aing rek ngadu jiwa jeung maneh !” Bari Padmini nyerang ku jurus nu hebat. Eta jelema nu memang Ki Nurustunjung, kacida kagetna barang nempo nu datang teh nyata Nyi Padmini; terus wae rek ngacir; bari nyorowok :”Nyi Padmini, mun rek nyicingan ieu tempat; pek we moal dikoretkeun.” Manehna ampir ngiles terus Padmini ngirim sora yen Ki Nurustunjung geus nyilakakeun anakna sorangan; nu padahal ngahaja datang hayang panggih jeung bapana. Waktu inditna eta jelema nu nyata Ki Nurusstunjung, ngan sakilat. Tapi ayeuna ngan sakilat deui manehna geus datang deui hareupeun Nyi Padmini. Terus we nanya bari siga kaget jeung heran :” Anak ? uing boga anak !?” “Enya tuh ! Ku kalakuan maneh nu teu parok jeung batur; anak maneh teh geus ngajehjer ; teu nyaho masih hirup keneh, tawa geus paeh.” Ki Nurustunjung barang ngadenge yen eta teh anakna, mani ngadaregdeg terus ngadeukeutan Lasmini, maksudna rek nulungan atawa ngubaran. Ditenjokeun we ku Padmini ti kajauhan. Kaciri Ki Nurustunjung ayeuna ngarawu Lasmini bari kaciri paromanna hawatir pisan; awak Lasmini diurutan ku Ki Nurustunjung bari nyalurkeun tanaga jerona. Sanggeus sawatara lilana Lasmini kaciri nguliat; terus manehna kaget nempo aya hiji jelema kaciri geus kolot keur ngurutan awakna; kontan Lasmini ngagurubug hudang terus nyentak:”Heh ! saha maneh !? wani2 nyekelan Kaula hah !” Ki Nurustunjung imut nempo kalakuan Lasmini; manehna malum ; sabab memang Lasmini teu nyahoeun ka Ki Nurustunjung. Nempo imutna Ki Nurustunjung, Lasmini malah jadi tambah amarah terus waktu harita keneh nyerang ku senjataa rasiahna; mangkaning sakitu deukeutnaa. Padmini ge nu teu nyangka bakal kajadian kitu ngajerit ditahan, tanda kaget tapi geus teu bisa ditahan deui. Ki Nurustunjung teu ngarobah ti na diukna jeung siga teu hayang ngalawan; atuh eta peso laleutik teh narancep; ngeunaan Ki Nurustunjung. Ki Nurustunjung tetep imut bari neuteup leleb ka Lasmini. Keur kitu Padmini nyampeurkeun bari pok ngomong :” Geulis. Kade ulah gagabah eta teh bapa sampeyan …. “ “Bapa !?” cek Lasmini bari kaget jeung heran. “Eu sampeyan teh bapa kuring ?” “Bener pisan geulis; kuring teh bapa sampeyan tapi can ngajaran ngurus saeutik eutik acan. Hampura bapa.” “Eh sampeyan bapa kuring; tapi naha jol2 nyerang; teu tunyu tanya deui waktu kuring jeung ibu asup ka ieu karang lungkawing ?” Barang keur kitu Padmini gancang nyampeurkeun; pok nyarita ka Lasmini :” Eulis, saenyana mah Ibu nu salah teh.” Lasmini gancang malik ka ibuna ( Padmini ) ; rada baeud pok Lasmini ngomong :” Biasa Ibu mah ari geus nyieun kabingungan teh, cing mangga atuh Ibu carioskeun nu saujratna; jadi kuring teu bingung.” Padmini :” Senyana mah, kajadian ayeuna memang kasalahan ieu Ki Sangga Perkasa alias Ki Nurustunjung. Manehna sama sakali teu apal yen boga anak hidep; lantaran samemeh euis lahir ieu bapa euis teh indit teu bebeja sama sakali.” Lasmini :” Naha pajar cek Ibu bapa teh indit ngalatih diri; pajar keur nguji kuring…” Padmini :” Lamun ku Ibu dicaritakeun saujratnaa waktu harita meureun euis moal konsentrasi latihan silatna; malah mungkin merenyeng hayang neangan bapa bari teu puguh nu dijugjug; kapan ku carita Ibu harita eulis latihan mani giat pisan.” Hanca
