Widang Program Studi Elmu Politik. Janten juragan Indiana teh nalungtik naon-naon wae dina naskah Sunda kuno anu tiasa ditafsirkeun aya pakaitna sareng kakawasaan/politik.
Carita Parahyangan, naskah Sanghyang Siksakandang Karesian, naskah Amanat Galunggung, naskah sajarah Galuh, sjb contona, salami ieu ditafsirkeun kana masalah kabudayaan/kasenian. Padahal, ngangge alat analisa teori kakawasaan Max Weber, teori sumber kakawasaan Charles F. Andrain, teori legitimasi Frans Magnis Suseno, konsepsi kosmologis Heine Geldern sareng konsep kawula-gusti Soemarsaid Moertono, dina naskah eta teh tetela aya esensi sareng kakawasaan/politik Sunda tradisional. Memang dina perkawis ieu aya kalemahan (pendapat pribadi kuring). Tina lima penguji, mung saurang (prof. Yudistira K. Garna ti Unpad) ahli antropologi. Teu aya ahli filologi sapertos Pa Undang A. Darsa, anu gaduh otoritas dina nafsirkeun naskah-naskah Sunda Kuno. Sadayana penguji ahli politik kontemporer. Upami kang Engkus janten penguji tamu, pasti bakal rame. Nalungtik kanggo disertasi ieu, gan Indiana rada lami oge, aya kana lima taunna. Sumber-sumber anu diwawancarai oge sigana terbatas, aya mang Ajip Rosidi, filolog ti Unpad, rumah baca Sunda (Ua Sasmita), Mang Hasan Djafar, Prof. Agus Aris Munandar, Arthur S. Nalan, Setia Permana, Anis Jatisunda, sjb. Rupina kang Engkus sareng ti rengrengan kasundaan ti Kuningan kalangkung heunteu diwawancara. Tapi anu matak helok pikeun kuring mah, gan Indiana teh padamelan sadidintenna ibu rumah tangga. Promotorna oge heran, ibu rumah tangga nyandak gelar doktor, nalungtik perkara anu teu populer (Sunda tradisional), naha tiasa janten "nilai tambah" pikeun statusna? Tah, tangtangan pikeun generasi ngora, ibu rumah tangga wae ari rajin mah, tiasa janten doktor, dirarojong ku para pembimbingna. Generasi kolot oge, upama aya kahoyong mah Insya Allah tiasa. mrachmatrawyani ________________________________ From: engkus ruswana <[email protected]> To: "[email protected]" <[email protected]> Sent: Monday, January 21, 2013 10:30 AM Subject: Bls: [Urang Sunda] Abstrak Disertasi Indiana Ngenget Sampurasun, Ari tolabul ilmina naon wa? teu ngartos kuring mah nun? Engkus ________________________________ Dari: M.Sasmita <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Senin, 21 Januari 2013 7:11 Judul: Re: [Urang Sunda] Abstrak Disertasi Indiana Ngenget Nu nalungtik perkawis Arab-Sunda mah Bu Mona, eta mah rengsena langkung ti payun. Sareng Bu Mona mah ayeuna ge sok rajeun kontak keneh. MSas ----- Original Message ----- >From: mang jamal >To: [email protected] >Sent: Sunday, January 20, 2013 11:25 AM >Subject: Re: [Urang Sunda] Abstrak Disertasi Indiana Ngenget > > > Oh eta nu sok ka uwa sas teh. Asana kapungkur mah soal relasi rumah tangga >arab-sunda tea > >Powered by du'a indung bapa :) >________________________________ > >From: "M.Sasmita" <[email protected]> >Sender: [email protected] >Date: Sun, 20 Jan 2013 10:59:04 +0700 >To: <[email protected]> >ReplyTo: [email protected] >Subject: Re: [Urang Sunda] Abstrak Disertasi Indiana Ngenget > > >Baruk tos rengse tolabul ilmina ibu Indiana teh. >Wilujeng atuh, mugia aya mangpaatna kanggo sadayana. >Kantos sababaraha kali ibu Indiana teh ka Rumah Baca Buku Sunda, biasa >milarian referensi. >Kang Rachmat salam kituh ti abdi, manawi teu hilapeun. Upami kabiruyungan mah >asa hoyong ngoleksi karya anjeuna. > >MSas >
