Ari Iman teh aya tilu tingkatan : 1. Iman sacara phisik nu hartina lamun maneh mampu ngalaksanakeun HIJI tugas atawa gawe sacara phisik prak laksanakeun sacara phisik. Eta Iman nu pang alusna.
2. Mun teu bisa sacara Phisik Iman teh bisa ku NGOMONG; yen urang teu satuju kaa na laaku jahat jeung hianat. Prak laksanakeun eta Iman di na NYOROWOK teh. Masih untung, masih bisa ngomong; keun we didenge teu na mah. Tapi urang geus nembongkeun IMAN urang. Da USAHA pan keur manusa mah lain hasilna ? Hasil mah kumaha Gusti Weee. 3. Mun teu bisa nu dua diluhur Iman na jero hate. Urang na hate pinuh teu satuju pisan; ka na tindakan angkaara Murka; jeung barodo nu ngalaatur vari jeung ngarugikeun nu diatur. Ieu memang pang lemahna Iman. Tapi mun masih keneh boga. Alhamdulillah ! Sabab mun SATUJU atawa CICING wae ka na kalakuan teu baleg para pamimpin; eta ciri jelema teu BOGA IMAN sama sakali !!!! Naudzubillahimindzaalik. Mun aya nu kritis ka na kayaan ayeuna; terus satuju; komo bari nyarita mah; eta masih boga Iman di na carita jeung na hate. Tapi mun teu satuju, malah ngamusuh eta hartina satuju ka na kadholiman pihsk angkara murka !!! Da moal mungkin aya KRITIK lamun baleg mah ngaturna.
