Tapi barang manehna ajeg nangtung; ujug2 aya sora nyentak
:”Heh saha eta hah?! “


Sari kakara mikir rek ngajawab, tapi eta jelema geus
ngolebatkeun bedogna bari nyentak :”Ah pasti maneh bangsat nya !? Rasakeun ieu
kadekan ti aing !”


Sari teu nyangka yen ayeuna mah imahna dijaga ku para
centeng; keur kitu ti sabeulah jero lalumpatan muru ka dinya. 

Bari nyorowok
:”Aya naon Adul ?” Tapi barang nyalampeurkeun, si Adul geus ngagoler manten.


Serangan centeng teh lain nanaon keur Sari mah; ngan sagilek
geus dicingcetkeun; nu saterusna  bedogna
karebut; terus manehna ngagetok urat lumpuhna atuh harita keneh si centeng nu
disebut si Adul ngagoler.


Nu daratang aya opatan nya centeng oge; teu loba omong terus
nyerang; tapi ieu ge  ngan sababaraha
jurus geus ting jarungkel !


Kakara ge Sari; rek maju deui teu kanyahoan aya serangan ti
hareup nu bari nyorowok oge ; sidik sora awewe :”Eh Bangsat rek ngajago siah
!?”


Karasa ku Sari ieu serangan kacida cepetna jeung tanagana ge
beda jeung para centeng; rada reuwas oge Sari; naha nya ditempat bapana ayeuna
mah loba jagoan; saperti ieu awewe nu nyerang ayeuna.


Sari teu kebat mikirna lantaran serangan kacida bahayana, masing
teu make senjata oge. Tapi Sari geus mapan, nu matak diangkat jadi Ketua Walet
Hideung ge; nya manehna ge nyieun gerakan2 keur ngalawan eta serangan awewe nu
disanghareupan.


Sanggeus aya ka na tilu jurusna kakara Sari bisa ngimbangan,
lantaran tadina kaserang tiheula jadi kapiheulaan babar; tapi ayeuna manehna
mantep ngalayanan; nepi ka na hiji mangsa leungeun diadu nu dieusi ku tanaga
jero. Eta awewe mundur sababaraha lengkah; ari Sari  mundur oge salengkah; eta 
nembongkeub yen
tanaga jero Sari leuwih luhur ti batan eta awewe. 


Keur kitu bray aya cahaya lampu; terus kaluar; nyata eta teh
ki Sarwa; terus manehna nyarita bari heran jeung hawatir:”Aya naon Nyi Epon !?”


Najan geus jadi pamajikan, tetep we Ki Sarwa nyebut Nyi Epon
lantaran ngahormat ka Nyi Epon, jeung bari rada sieun.


Eta awewe, nu nyata Nyi Epon, nyentak :”Tong pipilueun ! uing
keur ngabereskeun ieu bangsat !”


Nyi Epon terus ningkatkeun seranganana; tapi lain kadesek
Sari malah ngalayanan ku elmu nu sarupa; ahirna Nyi Epon luncat ngajauhan, terus
ngomong :”Eh tunggu heula ! naha geuning maneh bisa ngaluarkeun jurus2 nu ampir
sarua jeung Kaula !?”


Saenyana Sari oge ti tatadi heran, naha aya hiji awewe nu
jurus2na sarupa jeung kabisa manehna ? Tapi sanggeus Ki Sarwa nyebut Nyi Epon,
Sari inget ka dua awewe nu disalametkeun ku Mawar Hideung Lasmini; waktu aya di
na tawanan Rajawali Bodas. Meureun teu nyaho kumaha, ayeuna geus jadi pamajikan
lanceukna, nya eta Ki Sarwa.Nya akhirna Sari muka kurudungna; barang nempo
Sari; boh Ki Sarwa boh Nyi Epon sarua kagetna.
Hanca


Kirim email ke