Nyi Epon kaget, lantaran asa2; asa geus panggih, terus
manehna inget ka paguron Walet Hideung ; langsung inget Pendekar Baju Koneng;
terus we Nyi Epon nyorowok :Teteh ! Meh bareng jeung Sarwa nu nyebut :”Sari !”


Keur kitu bari rada kokoloyongan ki Sarlita kaluar ngadenge
ribut2; nempo Sarwa keur paungku ungku ceurik jeung hiji budak awewe; ari Nyi
Epon ngahuleng we deukeut eta nu silih rangkul.


Sanggeus gigisik; Ki Sarlita apal yen nu datang teh anakna
Sari; atuh manehna oge gancang milu paungku ungku ceurik.


Sanggeus rada leler paungku ungkuna; ahirna tiluanana sadar;
terus we diajak ku Ki Sarlita kabehanana si na asup; centeng2 oge geus
disadarkeun deui.


Lampu petromaks dipasang; atuh imah ki Sarlita mani caang;
para badega ge nu ti tatadi geus harudang, langsung pak pik pek marasak.


Kaciri nu tiluan nya eta Ki Sarlita; Sarwa jeung Sari
barungah pisan; Nyi Epon mah ngan bati melengek we.


Ki Sarlita nu gancang nyarita yen isukan we Sari rek
ngadongengkeun lalakon kakaburan teh; ayeuna sok mandi jeung dahar; terus
istirahat. Nya Sari teh nurut; nya peuting eta mah Sari sare mani tibra pisan.  
 


Isukna di na riungan nu pinuh ku kagumbiraan; Sari
ngalalakonkeun perjalanan minggat ti imahna nepi ka ditulungan ku Mawar
Hideung; nepi ka carita eta, Ki Sarlita mani kekerot; terus we Sari nyaritakeun
resepna jadi Pendekar jeung ngapalaan Paguron Walet Hideung; di dinya Ki
Sarlita komentar:Eulis, Sari anak ama; ayeuna mah bebas euis rek kawin jeung
Jalma ge satuju pisan.”


Sari bari hareugeueun ; terus neruskeun caritana papanggih
jeung Jalma ! atuh boh Ki Sarlita atawa Ki Sarwa kacida kagetna. Tapi sanggeus
tamat eta lalakon Sari panggih jeung Jalma; boh Ki sarlita boh Ki Sarwa ngarasa
mang hanjakal keun; ku ayana salah paham para Murid Walet Hideung jeung Jalma.
Tapi karasa ku Sarwa; Sarlita jeung Nyi Epon, yen Sari masih tetep boga rasa 
mikadeudeuh
ka Jalma. Sari oge nyaritakeun soal manehna diangkat jadi Pamimpin Walet
Hideung; terus manehna ge tomada yen salila ieu lain teu hayang balik; tapi
tanggung jawab ka nu mercaya manehna; nya eta Mawar Hideung; mangkaning Mawar
Hideung kapan sakitu nyaahna ka Sari; jeung Sari boga hutang budi, hutang nyawa
gede pisan ka guruna teh. 

Ki Sarlita jeung Ki Sarwa narima hal ieu; da ngarti
yen memang mun teu ditulungan ku Mawar Hideung mah; hirup Sari meureun geus
jadi runtah.
Hanca


Kirim email ke