Sari oge nyaritakeun lalakon ngahukum si Tilu Oah; Ki Sarlita
jeung Sarwa kaciri bungah pisan, lantaran Sari bisa males kanyeri ka eta tilu
Oah nu jahat.


Keur kitu Nyi Epon milu nyarita, ditujukeun husus ka Sari :”
Sari adi aceuk, aceuk teh aya nu bakal diomongkeun, nu cek pamikir aceuk mah
penting pisan; tapi mun bisa mah, kumaha mun ngobrolna paduduaan we… “


Omongan Nyi Epon teu kebat lantaran dipotong ku Ki Sarlita :”
Nyi Epon … Nyai ge ayeuna mah geus jadi anak ama; sok we dideu nyarita; teu
kudu era2; bade nyarios naon Nyi Epon teh ?” Ki Sarlita biasa ari nyarita ka
Nyi Epon sok rada handap asor; lantaran Ki Sarlita oge apal adat Nyi Epon nu
aseran; mun salah2 ngigelanana, matak gujrud salelembur.


 Samemeh pok nyarita,
Nyi Epon melong heula ka Sari … Sari ngan ukur unggeuk bari teu jelas unggeuk
naon.


Sanggeus dehem sakali deui pok Nyi Epon Nyarita :”Ah Kang
Jalma teh memang Arjuna we sugan mah; di ditu di dieu aya we hiji mojang nu
naksir ka Kang Jalma …  kaasup hehehe
aceuk sorangan … tapi rumasa aceuk mah ambon ssorangan … tuda kumaha ! Rumasa
aceuk mah goreng sopak , kang Jalma mo ngaareret reret acan !”


Sari motong :” Aeh ceu Epon nyarios naon eta teh ? abdi mah
tos teu aya hubungan naon2 jeung Kang Jalma teh.”


Nyi Epon :” Yeuh Sari tilu bulan nu kaliwat, aceuk panggih
jeung Adi Demang ngaranna Utari; manehna keur neneangan Kang Jalma.” Nyi Epon
eureun heula nyaritana bari meleng nempo reaksi Sari. Tapi kaciri Sari teu
riuk2; enya ge hatena mah dag dig dug tagiwur; tapi beungeutna teu nembongkeun
rasa nu dikandungna. 

Eta dilantarankeun Sari memang geus aya bakat alus jadi
pamimpin; waktu latihan oge manehna bisa konsentrasi teu kaganggu ku
kapentingaan pribadina. Estu Sari mah cecekelanana kukuh. 


“Aya carita deui, nu matak narik, nya eta cenah Kang Jalma ge
boga hubungan husus ka anak Kumpeni nu ngaranna Non Bella; eta dicaritakeun ku
Ma Emeh ibuna Kang Jalma.” 

Nyi Epon eureun heula nempo reaksi nu
ngadarengekeun. Tapi kaciri nu sejen leuwih hayang nyaho jujutan lalakon Jalma
saterusna, ti batan ngomentaran carita Nyi Epon.


“saenyana mah … “ Nyi Epon neruskeun caritana. Kang Jalma teh
geus papacangan jeung Nyi Ipah  !”
Ngahaja Nyi Epon nekenkeun pisan omongan nu ieu; ayeuna mah kaciri Sari rada
robah paromanna … aya siak “keuheul” hanjelu jsb. Eta meureun nu disebut timburu
teh.


“Ceu Epon …”  Sari
ayeuna nyarita … bari sorana kaciri rada ngageter .

“Sagala nu dicaturkeun ku euceu teu aya pangaruh pikeun Sari
!” Di dieu kaciri Sari nahan parasaanana nu ngagolak na dadana.


“Waktu ieu Sari geus diangkat jadi Pamimpin/Ketua Paguron
Walet Hideung !”


Sari eureun ngarenghap heula. “Kuring boga pancen nu lumayan
beurat. Ku sabab sakitu, pikeun Sari … hubungan jeung lalaki di na waktu ieu
jajauheun pisan. Jadi tong salempang; Kuring Sari moal rek neneangan lalaki nu
ngaran kang Jalma. Bari na ge Kang Jalma mah ku Sari geus dianggap LANCEUK !”


Nyaritana kitu Sari bari rada merong seukeut ka Nyi Epon.


Nyi Epon seuri, pok nyarita :”Syukur atuh ari Sari sadar mah
… barina ge naon gunana miharep hiji lalaki nu loba pisan kikindeuwanana !
Euceu mah inggis we Sari jadi kateler teler miharep nu lain harepeun pisan. Tah
euceu ge kapan maning nikah we ka Kang Sarwa; ti batan hayoh nginget2 ka lalaki
nu boa teu inget2 acan ka urang. Ieu mah dicaritakeun soteh, nyaah ka Sari !”
Sigana Nyi Epon geus nutup caritanana nu mirupa hehe “komporisasi” ka Sari.


Sanyatana Nyi Epon enya ge geus ditikah ku Ki Sarwa, ari
hatena mah duka kumaha tetep we miharep ka Jalma; da kahayang Nyi Epon mah
Sarwa ge kuduna mah JAGO Silat. 
Kakara manehna daek ngahargaan. Nya atuh di na
sapopoe teh, enya ge Ki Sarwa geus meunang keun Nyi Epon, tapi ari batin2na mah
jauh pisan; nya kapaksa we cape hate ge dilakonan; da bonganna mikabogoh ka nu
jago Silat; di mana manehna teu bisa sama sakali !  Jadi ieu meureun nu disebut 
awet rajet teh.


Kakara ge tilu poe Sari di imahna; terus pamitan ka bapana
jeung lanceukna; teu bisa ditahan, lantaran cenah Sari geus jadi Ketua, teu
meunang lila2 ninggalkeun paguronna. Nya sono2 ge Ki Sarlita teu bisa 
ngahalangan;
ngan na hate mentegeg ka Nyi Epon; lantaran ku pokalna Sari jadi teu betah di
imahna. Nya tapi dalah dikumaha memang na hal ieu Nyi Epon teu bisa
disalahkeun.


Ki Sarlita teu nyangka oge yen loba wanoja kapincut ku Jalma;
tapi ana dipikir pikir leuwih jero, nya wajar loba wanoja raresepeun ka Jalma;
lantaran kapan Jalma mah Cerdas, pinter, teu ngedul; daek digawe nu kumaha wae;
turug2 tara cunihin atawa porenges ka awewe. Akhirna Ki Sarlita ngaheruk, emh
saenyana mah pilihan Sari ka Jalma teh tepat pisan; da memang Jalma boga sifat
lalaki nu dipikaresep ku awewe. Ngan harita manehna sieun Jalma bakal
sangeunahna ninggalkeun Sari; lantaran ngaranna ge Pendekar; pasti loba jalan2
ka ditu ka dieu; encan nyieun musuh jrrd. Hal ieu nu ngalantarankeun Ki Sarlita
teu satuju Sari deukeut ka Jalma. Nya munasabah pisan saenyana pikiraan ki
Sarlita; da memang kudu kitu ari nyaah ka anak mah.


Sari inditna ti Giriresik waktu harita, pinuh ku rupa2
pikiran; pangpangna ngeunaan Jalma geus dipapacangankeun ka Nyi Ipah. Paingan
atuh cek pikirna Jalma mani siga adug songkol neneangan dua wanoja harita. Nepi
ka tega ngalakukeun kakerasan ka dulur2 sapaguron Sari ! Terus kapikir deui,
memang Nyi Ipah teh geulis; wah jauh aing mah dibanding Nyi Ipah … pantes mun
Kang Jalma teu inget deui ka manehna !? 


Jadi saenyanaa Sari teh masih sono keneh ka bapa jeung
lanceukna; bari atoh yen bapana ayeuna mah nyatujuan ka na hubunganana jeung
Jalma. Tapi teu disangka Nyi Epon ngabuka RASIAH Jalma soal papacangan jeung
Nyi Ipah; bari teu disebutkeun naon sabab2na Jalma jol narima kitu wae ka Nyi
Ipah.


Memang sigana mah Nyi Epon satengah ngahaja mapanas Sari na
soal eta. Lantaranana deui, manehna geus asa midulur pisan ka Nyi Ipah; manehna
boga tekad hayang ngabela Nyi Ipah lahir batin. Manehna ngarasa satuju mun
Jalma kudu nikah ka Nyi Ipah; tapi manehna teu satuju mun Jalma kawin ka nu
sejen salian ti ka Nyi Ipah. Di na hal ieu memang kalakuaan Nyi Epon
kaleuleuwihi; pipilueun ka na urusan nu lain urusanana. Tapi memang sifat Nyi
Epon kitu pisan; sok hayang pipilueun ka na urusan batur. Manehna ngarasa eta
kalakuanana asa pangbenerna; lantaran tekadna bebela ka hiji sobat; moal enya
bebela ka hiji sobat bisa SALAH !? Tapi di na hal ieu Nyi Epon teu mikirkeun
kumaha kahayang SOBAT nu rek dibela teh ? jeung kumaha pihak2 sejen nu aya
hubunganana ? Sama sakali Nyi Epon teu mikirkeun nepi ka hal jauh saperti eta.
Di dieu kaciri relatifna hiji tindakan teh ! Jadi hal ALUS nu dipandang saliwat
can puguh eta tindakan teh enyaan alusna !? Jadi sagala ge kudu dibeuweung
diutahkeun heula. Check and recheck. Ulah dapon wae.

 

Episode 80 : Surat Panggilan ti Landrat

 Hanca

Kirim email ke