Episode 85 – Nasib Gorombolan Kidang Kancana
Sanggeusna dipimpin ku Ki Joyo Sembodo, Gorombolan Maung Hideung nu geus ganti ngaran jadi Kidang Kancana, karasa morosot pisan. Mun neang ka na bandera Kidang Kancana nu ditancep di sisi leuweung; hasilna nyamos, sigana euweuh hiji ge sudagar nu ngaliwat ka dinya haat neudeun duit, nu biasana mah aya ka na 20 Guldenna. Ayeuna mah nyamos pisan. Mun nyobaan megat; rereana sudagar nu ngaliwat teh, nu geus aya hubungan nu alus baheula jeung Maung Hideung; tapi eta nu geus boga hubungan teh ayeuna mah siga hare2 jeung maranehna. Atuh geus aya sabulanna Gorombolan Kidang Kancana teu aya hasil; atuh Ki Joyo Sembodo gawena ngan ambek2an; akhirna mah dilalawan boh ku Ki Jumsa; Ki Seta atawa ku Ki Uca ! Ku sabab gagal bae, nya na hiji poe mah Ki Joyo Sembodo nekad rek mingpin sorangan ; hartina sakabeh anggota kudu turun megatan sudagar nu ngaaliwat. Tapi geus saminggu can aya wae sudagar nu ngalanto ka jajalanan nu sok diparake nyegat ku Kidang Kancana; terus we Ki Joyo Sembodo ngajak sakabehna indit ka tempat nu leuwih jauh, ngadeukeutan daerah Cihuni. Nya akhirna ieu gorombolan pasanggrok jeung rombongan hiji sudagar ti Ciboreleng, rek ka Sukabumi; Joyo Sembodo mani bungah; terus wae megat eta rombongan. Sudagar ti jero kareta nanyakeun aya naon cenah; Kusir kareta nu sakaligus dijadikaeun kapala pengawal eta rombongan, ngajawab bari seuri ah lain naon2 tenang we; paling ge nu musafir. Hanca
