Akhirna sanggeus nu genepan nyulusup nepi ka milu digawe macul jeung salian ti eta jeung urang lembur; bari maranehna ngaraku urang Klaten nu ngahaja daratang kadinya lantaran pakasaban di lembur geus hararese.
Maranehna ditarima ku urang Bulgur. Maranehna ge dibere lahan keur maranehna mondok; nya di dinya maranehna nyieun saung2. Di lembur eta aya tujuh jelema nu kamamana nyaroren bedog; ceuk urang Bulgur; eta teh kaamanan di eta lembur. Nya maranehna ge kenalan jeung ieu jelema tujuhan. Isukna maranehna diajak ngadu; maen dadu jeung cekian; nya kapaksa maranehna ge pipilueun. Malah salah sahjiji prajurit ngahaja nraktir TUAK keur inumeun sarerea; atuh mani barungaheun eta si nu tujuhan teh. Dua poe ti harita kaciri nu tujuhan nguriling lembur; si prajurit nuturkeun ti kajauhan. Kanyahoan maranehna ngumpulkeun hasil bumi nu meunang menta ti urang lembur; terus we maranehna ngadatangan tukang dagang di pasar Madiun nu tiap bulan datang ka dinya nungguan hasil bumi ti ieu nu tujuhan. Sanggeus jelas kitu mah; nu genep indit ti eta lembur bari nyebutkeun rek aya urusan cenah; terus we laporan ka Ki Rangga. Nya Ki Rangga marentah nangkep si tukang dagang hasil bumi di pasar Madiun. Terus we diinterogasi. Nya manehna ngaku, yen sok meulian ka nu tujuhan bari hargana murah pisan Nya geus jelas kitu mah Penatus Rangga mingpin sorangan para anak buahna; eta lembur ditingker terus Ki Rangga ngadatangan ka nu tujuhan; manehna ngenalkeun dirina Penatus ti Kadipaten Madiun; ayeuna menta eta nu tujuhan kudu nurut milu ka Madiun, kalawan ulah ngayakeun perlawanan, sabab teu aya gunana. Bari reuwas, bari ambek eta nu tujuhan lain pasrah malah maresat gobang; terus susumbar :”Eh sampean , rek ngajago make rek nangkep Kaula !? Moal nyerah , kajeun teuing paeh, tapi bakal maehan saeutikna tujuh prajurit !” Cek eta nu tujuhan kaciri nekad. Hanca
