“Ah, maning ge ulah ngalawan , engke bakal leuwih susah !” Ceuk Ki Rangga sabar.
Tapi eta nu tujuhan lain sadar, malah teu tata pasini deui terus ngerepuk Ki Rangga nu memang ngan ukur sosorangan; tapi tangtu wae 7 Oah ieu lain nanaon keur Ki Rangga mah; sanggeus sababaraha jurus kaciri nu tujuhan kabagean tajongan atawa tinggangan; nu akhirna maranehna barirat, rek nyoba kabur. Tapi teu kaanyahoan ti saban2 rungkun, kalaluar para prajurit anak buah Ki Rangga; atuh ngan sakeudeung eta nu tujuhan geus kakepung. Eta nu tujuhan nyoba ngaramuk ! Anak buah Ki Rangga nu memang geus dilatih, kumaha nyanghareupan jelema2 nu narekad; terus we ngarepung ti kajauhan, teu pati ngadesek; ngan kabeh siap marawa tameng jeung tumbak. Tapi mun nempo nu tujuhan rek nyoba kabur; maranehna langsung ngepung bari ngadesek; atuh nu tujuhan mundur deui ka tempat asal di tengah; memang lila oge ; tapi cara ieu efisien pisan; euweuh hiji ge korban ti pasukaan Madiun; sabalikna si nu tujuhan geus carapeun mah gampang ditalukeunana hiji hiji; kabeh digiring ka Madiun. Sanggeus digaladah; kapanggih ti dua jelema diantara nu tujuhan, boga peneng ti na parunggu nu ngagambarkeun Singa Barong. Nu limaan ku Ki Rangga dibebaskeun, tapi nu duaan mah terus diguliksek ku loba pananya; nya eta pangpangna lokasi jeung gambaran kasar nuju ka Markas Singa Barong. Nya loba oge katerangan ti nu duaan teh. Tapi soal kareta mah , duanana kaciri teu nyahoeun sama sakali. Ku jasa2 na Ki Rangga ngan sakeudeung geus naek pangkat deui jadi Penewu; nu boga bawahan 1000 prajurit; ti urut anak buahna nu saratus Ki Rangga milih sapuluh prajurit nu memang pang onjoyna; ku manehna diangkat jadi penatus; mimpin 10 pasukan saratus2; der we dilakukeun deui disiplin model basa jadi Penatus. Nu protes ayeuna mah kaasup “keras” oge; nepi ka Senapati Mandurekso nyahoeun, jeung negor. Lantaran kapan kabeh ge ngalaakukeun latihan, tapi teu keras2 teuing kawas Ki Rangga. Kapaksa Ki Rangga rada nurunkeun cara latihan; lantaran moal mungkin diteruskeun deui. Hanca
