Halah, ti awit taun 2007 keneh, si kuring boga niat ngabinekaskeun bangsa, 
utamana mah barudak sakola.
Ahli sajarah mah pan  pakakasna teh tulisan. Tah, ari kuring mah pakakasna teh 
video.

Jigana memang tos ditakdirkeun kuring ngarekam demonstrasi mahasiswa UI di 
Kampus Salemba taun 1998. Diteruskeun ngarekam dialog mahasiswa UI jeung Fraksi 
ABRI di MPR ( 5 Maret 1998). Naon-naon wae anu jadi bahan padungdengan dina 
demo jeung dialog eta, saujratna direkam. Teu aya anu disumputsalindungkeun, 
sumawona "dibengkokkeun". Jadi ceuk kuring mah "sajarah"  reformasi anu dijieun 
ku kuring leuwih onjoy, batan anu ditulis ku 100 para sejarahwan, sabab make 
"gambar hirup" lain tulisan.

Judul sajarah anu dijieun ku  kuring nyaeta "Membangun Demokrasi Tanpa Anarki: 
Catatan perjalanan Perjuangan Mahasiswa UI pada awal Reformasi 1998". Durasi 
videona 70 menit, dibagi tilu bagian. Bagian kahiji ngagambarkeun demo di 
Kampus Salemba. Bagian kadua dialog mahasiswa UI jeung Fraksi ABRI. bagian 
katilu konferensi pers.

Rencanana mah rek dibagi-bagikeun haratis ka sakola SMP/SMA sa Indonesia. Bisi 
aya lembaga atawa perorangan anu minat, nya mangga wae pesen. Tapi aya infakna, 
pikeun waragad ngirimkeun video eta ka sakuliah Nusantara. Pikeun 
ngarealisasikeun ide eta, kuring nyieun yayasana ngaranna GRACIAS (GeRAkan 
Cinta Almamater Semesta).

mrachmatrawyani

Kirim email ke