Jangjawokan teh harti bebasna mah do'a. Nya do'a jaman harita, jaman
hirupna karuhun. Sacara bahasa mah jangjawokan teh kaasup ranah sastra
lisan. Nu cenah baheula mah teu meunang ditulis, kudu diapalkeun wae.
Kadieunakeun sanggeus jalma wanoh kana tulisan, sabagean loba nu
dituliskeun, jigana dumeh nu masih keneh apal kana jangjawokan sadar, geus
kari saeutik deui nu arapal kana jangjawokan. Katambah sok jadi objek riset
linguistik ku tukang bahasa.

Mun boga jampe, jangjawokan, atawa naon wae, sok apungkeun ka milis. Lain
keur nanaon, uing mah resep ku diksina nu kuat, keur kapentingan pangaweruh
we, taya salahna mikawanoh khazanah sastra jaman buhun. Keur nu resep
tulas-tulis mah nu kieu teh penting, keur sumber inspirasi kumaha milih
diksi nu hade dina tulisan.

Tah ieu mah dina kamus:

*jangjawokan* jampé basa Sunda at. Jawa anu dikedalkeunana lain supaya
cageur, tapi supaya hasil maksud; conto ~ d.a. lamun hayang buru-buru raat
hujan: *trang-trang koléntrang si londok paéh nundutan*,* tikustruk kana
durukan*,* mesat gobang kabuyutan*; aya deui conto ~, sanggeusna leungeun
kawung ditinggur ku panyadap terus diayun-ayun bari ngomong kieu: *yun ka
kidul nyiuk ka sagara kidul*,* yun ka kalér nyiuk ka sagara kalér*,
maksudna kitu téh supaya engkéna juuh lahangna; dina ngedalkeunana ~ sok
sababaraha kali; ting. *bacaan*,* jampé*,* singlar*,* parancah*.

2013/2/11 USEP SOLIHIN <[email protected]>

> **
>
>
>
> Di wewengkon simkuring sabgian masyarakat aya kénéh nu nganggo kna
> jangjawokan aya nu condong kna Hindu aya nu condong kna Islam,nu jadi
> pamikiran kuring lain ngenaan condongna tapi ngenaan éta
> kecap'JANGJAWOKAN'téh ti mimiti iraha urang Sunda wanoh kana JANGJAWOKAN
> jeung harti anu saéstu tina éta kecap téh naon deuih? puguh gé ari urang
> Sunda mah ararahéng héhé...
>

Kirim email ke