Uhun aya bedana, Bah AA: jampe/jangjawokan asalna ti basa Sunda, ari do'a
tina basa Arab. Hehehe

2013/2/12 Abbas Amien <[email protected]>

> **
>
>
> Nu pas mah JAMPE jangjawokan teh.
> Jadi masing rada sarua ge; konotasina beda antara Do'a jeung jangjawokan.
>
> --- On *Mon, 11/2/13, Ki Hasan <[email protected]>* wrote:
>
>
> From: Ki Hasan <[email protected]>
> Subject: Re: [kisunda] JANGJAWOKAN
> To: [email protected]
> Received: Monday, 11 February, 2013, 1:12 PM
>
>
>
>
> Jangjawokan teh harti bebasna mah do'a. Nya do'a jaman harita, jaman
> hirupna karuhun. Sacara bahasa mah jangjawokan teh kaasup ranah sastra
> lisan. Nu cenah baheula mah teu meunang ditulis, kudu diapalkeun wae.
> Kadieunakeun sanggeus jalma wanoh kana tulisan, sabagean loba nu
> dituliskeun, jigana dumeh nu masih keneh apal kana jangjawokan sadar, geus
> kari saeutik deui nu arapal kana jangjawokan. Katambah sok jadi objek riset
> linguistik ku tukang bahasa.
>
> Mun boga jampe, jangjawokan, atawa naon wae, sok apungkeun ka milis. Lain
> keur nanaon, uing mah resep ku diksina nu kuat, keur kapentingan pangaweruh
> we, taya salahna mikawanoh khazanah sastra jaman buhun. Keur nu resep
> tulas-tulis mah nu kieu teh penting, keur sumber inspirasi kumaha milih
> diksi nu hade dina tulisan.
>
> Tah ieu mah dina kamus:
>
> *jangjawokan* jampé basa Sunda at. Jawa anu dikedalkeunana lain supaya
> cageur, tapi supaya hasil maksud; conto ~ d.a. lamun hayang buru-buru raat
> hujan: *trang-trang koléntrang si londok paéh nundutan*,* tikustruk kana
> durukan*,* mesat gobang kabuyutan*; aya deui conto ~, sanggeusna leungeun
> kawung ditinggur ku panyadap terus diayun-ayun bari ngomong kieu: *yun ka
> kidul nyiuk ka sagara kidul*,* yun ka kalér nyiuk ka sagara kalér*,
> maksudna kitu téh supaya engkéna juuh lahangna; dina ngedalkeunana ~ sok
> sababaraha kali; ting. *bacaan*,* jampé*,* singlar*,* parancah*.
>
> 2013/2/11 USEP SOLIHIN 
> <[email protected]<http://mc/[email protected]>
> >
>
> **
>
>
>
> Di wewengkon simkuring sabgian masyarakat aya kénéh nu nganggo kna
> jangjawokan aya nu condong kna Hindu aya nu condong kna Islam,nu jadi
> pamikiran kuring lain ngenaan condongna tapi ngenaan éta
> kecap'JANGJAWOKAN'téh ti mimiti iraha urang Sunda wanoh kana JANGJAWOKAN
> jeung harti anu saéstu tina éta kecap téh naon deuih? puguh gé ari urang
> Sunda mah ararahéng héhé...
>
>
>

Kirim email ke