Nu pas mah JAMPE jangjawokan teh. Jadi masing rada sarua ge; konotasina beda antara Do'a jeung jangjawokan.
--- On Mon, 11/2/13, Ki Hasan <[email protected]> wrote: From: Ki Hasan <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] JANGJAWOKAN To: [email protected] Received: Monday, 11 February, 2013, 1:12 PM Jangjawokan teh harti bebasna mah do'a. Nya do'a jaman harita, jaman hirupna karuhun. Sacara bahasa mah jangjawokan teh kaasup ranah sastra lisan. Nu cenah baheula mah teu meunang ditulis, kudu diapalkeun wae. Kadieunakeun sanggeus jalma wanoh kana tulisan, sabagean loba nu dituliskeun, jigana dumeh nu masih keneh apal kana jangjawokan sadar, geus kari saeutik deui nu arapal kana jangjawokan. Katambah sok jadi objek riset linguistik ku tukang bahasa. Mun boga jampe, jangjawokan, atawa naon wae, sok apungkeun ka milis. Lain keur nanaon, uing mah resep ku diksina nu kuat, keur kapentingan pangaweruh we, taya salahna mikawanoh khazanah sastra jaman buhun. Keur nu resep tulas-tulis mah nu kieu teh penting, keur sumber inspirasi kumaha milih diksi nu hade dina tulisan. Tah ieu mah dina kamus: jangjawokan jampé basa Sunda at. Jawa anu dikedalkeunana lain supaya cageur, tapi supaya hasil maksud; conto ~ d.a. lamun hayang buru-buru raat hujan: trang-trang koléntrang si londok paéh nundutan, tikustruk kana durukan, mesat gobang kabuyutan; aya deui conto ~, sanggeusna leungeun kawung ditinggur ku panyadap terus diayun-ayun bari ngomong kieu: yun ka kidul nyiuk ka sagara kidul, yun ka kalér nyiuk ka sagara kalér, maksudna kitu téh supaya engkéna juuh lahangna; dina ngedalkeunana ~ sok sababaraha kali; ting. bacaan, jampé, singlar, parancah. 2013/2/11 USEP SOLIHIN <[email protected]> Di wewengkon simkuring sabgian masyarakat aya kénéh nu nganggo kna jangjawokan aya nu condong kna Hindu aya nu condong kna Islam,nu jadi pamikiran kuring lain ngenaan condongna tapi ngenaan éta kecap'JANGJAWOKAN'téh ti mimiti iraha urang Sunda wanoh kana JANGJAWOKAN jeung harti anu saéstu tina éta kecap téh naon deuih? puguh gé ari urang Sunda mah ararahéng héhé...
