Ni Luh Santi nyarita deui :” saenyana mah Singa Barong teh
hayang ngarangkul para Pendekar, supaya ngarojong ka na perjuangan urang;
masing teu bisa ditalukkeun, tapi bisa dijadikeun MITRA. Ku sabab Kaula keur
namatkeun Elmu tanaga jero Istimewa ti Guru jadi teu bisa loba pipilueun ngurus
soal kumpulan. Kula percaya ka sampeyan tiluan ! Tapi ayeuna urang geus nyieun
hiji MUSUH nu lain sisiwo; nya eta Mawar Hideung ! Cing Kula hayang nyaho
tanggung jawab sampeyan Nyoman Sakarta !”


“Naon sababna sampeyan geus ngaduruk imah Mawar Hideung di
Losari !? Cing naon alesanana !? Kaula hayang ngadenge !” Kitu Ni Luh Santi
nyarita ditujukeun langsung ka Nyoman Sakarta.


Sakedapan mah, Nyoman Sakarta teu bisa ngomong, manehna
hareugeueun. Sabab memang daerah Purworejo, Purwokerta jeung sakurilingna
tanggung jawab manehna. 

Tapi manehna ngarasa teu boga dosa lantaran teu rumasa
nitah balad2na ngaduruk imah Mawar Hideung di Losari.


Keur kitu Made Galiga maju ka hareup; pok we nyarita:”
saenyana nu boga pokal teh kuring; lantaran anak buah kuring ngalaporkeun, yen
aya hiji Pendekar wanita nu geus ngahina basa ka Singa Barong ! Nepi ka
Kumpulan Singa Barong kurang dihargaan; lantaran mani dikekeak pisan. 

Kuring
kacida ambekna terus marentah ki Widagdo nungtun jago2 anak buah kuring
ngayakeun operasi “males pati” pikeun ngahudangkeun deui rasa reueus kumpulan
Singa Barong. Nya Kuring nyieun tantangan ka Mawar Hideung; atawa saha wae nu
boga ngaran Pendekar wanita alas Purwo; tapi euweuh nu ngajawab eta tantangan
!” Made Galiga eureun heula.
Hanca


Kirim email ke