“Ku sabab euweuh wae nu kaluar; nya aya nu ngomong yen cenah Pendekar wanita Mawar Hideung teh asalna ti Losari !
Nya Anak buah Kuring ngajorag ka Losari; tapi sanggeus diacak acak; euweuh wae Mawar Hideung kaluar; meureunan sieun ku Urang; nya tuluy we para badega dikumpulkeun; ditanya hiji2 supaya ngaku, dimana Mawar Hideung nyumput; ku sabab euweuh hiji ge nu ngaku terus we dicepretan hiji2; nepi ka daratang aya sapuluh pendekar nu ngaku murid2 Mbah Lanang ti Dukuh Ngawi. Anak buah kuring nyata lain tandingan eta sapuluh Pendekar; terus malundur; eta para badega terus dibarawa ku Murid2 Embah Lanang. Nya teu bisa dicegah; tapi anak buah Singa Barong jadi murang maring, akhirna ngaduruk imah di Losari ! Kitu cenah caritana. “Enyaan maneh geus kaleuleuwihi pisan Made Galiga !” Ni Luh Santi ngajejeleh, satengah nyalahkeun Made Galiga. “Kuring ge teu satuju cara nu kasar kitu! Tapi kapan Pamimpin mafhum Prajurit nu geus dilapangan hese dikadalianana; kapan kuring sorangan ge teu milu; Nyoman Sakarta oge teu dibejaan; enyaan ieu mah ngabales lantaran Singa Barong diwiwirang ! Tapi ku sabab kaleuleuwihi nya eta anak buah teh Ku Kuring dihukum oge, teu meunang kaluar salila sabulan jeung kudu kerja bakti ngeruk sumur2 nu ampir saraat !” “Nya geus nu enggeus mah; tapi ayeuna urang bakal meunang musuh nu kuat; nu hese dilayanana, nya eta Mawar Hideung jagona ieu tanah Jawi !” Cek Ni Luh Santi masih rada nyalahkeun Made Galiga. “Ah, ayeuna mah nu penting ngajaga kahormatan Singa Barong ! Teu kudu sieun ku Mawar Hideung ! Keun we Mawar Hideung mah, mun enya wani ngalawan Singa Barong, ku kuring sorangan disanghareupanana ! Tong aya nu pipilueun ! Warta2 jeung beja teh biasa sok dileuwihkeun, ti na sajeungkal jadi sadeupa ! Ah sakumaha jagona eta Mawar Hideung !?” Bari panonna ngareret ka Nyoman Sakarta. Nyoman Sakarta nu disindiran teu ngawalonan, ngan wae seuri sinis; lantaran manehna bakal nyaksian ieu Ki dulur nu ngajago bakal meunang wiwirang gede ! Hanca
