Keur guntreng kitu datang telik sandi nu oge ronda ngalaporkeun yen aya hiji awewe kacirina Pendekar make baju sarwa Hideung; jeung aya kembang Ros na dadana; rek maju ka dieu dihalangan ku para anak buah Singa Barong, tapi para anak buah ngan sakilat2 geus ting jarungkel. Ayeuna pasukan lapis dua Singa Barong rek nyoba megatan ditempat nu biasa !
Ni Luh Santi rada robah paromannaa; terus nitah ka Made Galiga :”Jung maneh maju ti heula; engke Kaula jeung I Gde Butuh bakal nyusul !” Nyoman Sakarta atoheun lantaran Ni Luh Santi teu nyebut ngaranna. Waktu nu tiluan gembong Singa Barong arindit, manehna mah laju indit ka tukang; terus marentah2 anak buahna supaya sayaga, manehna cenah rek milu nyaksian jeung ngabantuan nu tarung ! Padahal mah Nyoman Sakarta memang ngadeukeutan nu keur tarung tapi manehna mah lalajo ti nu buni; hayang nyaho kumaha carana Made Galiga ngalayanan Mawar Hideung. Barang Made Galiga ngadatangan nu tarung kaciri ti kajauhan aya jirim nu lumpat nuju ka tempat manehna; kaciri wujud awewe, pakeanana sarwa Hideung; lumpatna ngan sakilat pisan geus aya hareupeun Made Galiga. Nyata eta teh Mawar Hideung ! Pasukan Singa Barong teu kaciri aya nu ngudag; hartina Mawar Hideung kadieuna sanggeus merenan kabeh nu megatan ! Kumaha carana eta Mawar Hideung geus ngajorag markas Singa Barong ? Sanggeusna tarung jeung Nyoman Sakarta, Mawar Hideung rek laju ka Losari; tapi ditengah jalan dipegat ku murid2 Embah Lanang nu ngondang manehna ngadatangan Paguron Mbah Lanang; ku sabab geus deukeut jeung ngarasa salse, Mawar Hideung nuturkeun eta para murid. Barang datang ka eta paguron … kacida Mawar Hideung kagetna, lantaran para badega nyambut manehna bari careurik nu sedih pisan. Mawar Hideung nyampeurkeun, pok nanya :”Kumaha lalakon sampeyan sakabeh bet aya di dieu ?” Hanca
