“Kuring sarerea ditawan ku gorombolan nu cenah Singa Barong” Bi Uti ngawakilan nu sejen ngajawab; “untung ditulungan ku murid2 ieu Mbah Lanang; maranehna neneangan sampeyan; ku sabab teu panggih, nya terus nyiksa Kulo sedoyo.”
“Kurrang ajar !” Cek Mawar Hideung mani kekerot. “ Mun nyaho ti kamari mah eta si Nyoman Sakarta moal dibere ampun !” “Keur kitu jol Mbah Lanang kaluar nyampeurkeun; terus we Mawar Hideung ngahormat, bari nganuhunkeun pisan. Mbah Lanang bari seuri nitah Mawar Hideung asup ka jero. “Mawar Hideung” Cek Mbah Lanang muka carita. “ Aya hal lain nu sampeyan can apal .. tapi Kula menta sampean sing bisa nahan diri.” Mawar Hideung rada robah paromanna, sabab ti na omongan ieu Mbah Lanang, pasti aya kajadian sejenna, salian ti nyiksa para badega. Lamun geus nyiksa Badega teu hasil; tangtu eta gorombolan teh amarah murang maring ! Naon deui salian ti ngaruksak imah di Losari ! Kitu pikiran Mawar Hideung; nu memang cerdas. Tapi manehna hayang nyaho nu sacerewelena; pok we ngomong :” Sok we Mbah Lanang , aya kajadian naon deui; paling ge meureun imah kuring diruksak !” “Hahahaha ! Nyata sampeyan teh salian ti mandraguna, enyaan pinter pisan; lain wungkul diruksak tapi diduruk ! geus kitu maranehna kalabur; Kaula teu kaburu nyalametkeun imah sampeyan !” “Hahahaha ! memang kurang ajar pisan eta gorombolan Singa Barong teh; Kula pamit ayeuna rek ngajorag ka markasna pisan; ulah sambat kaniaya ! Tunggu pamales ti Kula ! Mawar Hideung. Kapaksa Kula ngabeubeurat sampeyan miara ieu para abdi Kaula !” Cek Mawar Hideung susumbar. “Ke heula anan, cek Mbah Lanang, sabar. Maranehna lobaan, jeung cenah jarago; ke urang itung heula kakuatan urang; ulah dapon maju wae.” Cek mbah Lanang bari nyoba nyekelan leungeun Mawar Hideung. Mawar Hideung surti, yen ieu Mbah Lanang rek nguji elmuna; Hanca
