Urang teruskeun :
Mawar Hideung, nempo aya jelema nu ngabedega hareupeun atawa tempatna nu rada luhur; manehna bisa ngan sakilat ngadatangan tempat eta ! Tapi Mawar Hideung apal yen nu wani ngajega ayeuna pasti salah sahiji pimpinan Singa Barong; kudu ditanya sabab nu sejen mah lain ngajawab pertanyaan ngeunaan Nyi Ipah malah masrahkeun NYAWA ! Tah nya Mawar Hideung eureun hareupeun jelema nu ngabedega, jangkung gede nya eta Made Galiga; nu euweuh rasa sieun; enya ge anak buahna geus diliwat ku ieu Mawar Hideung gampang pisan; manehna ti baheula hayang pisan panggih jeung Mawar Hideung; matak nepi ka ngajorag ka Losari ge; tapi nyamos; harita mah nyangka Mawar Hideung teh sieuneun jadi nyumput; teu wani kaluar ngalawan; tapi ayeuna ngajorag pisan; hartina nu baheula disangka gimir teh; pasti lain eta alesanana; jadi Made Galiga ge memang hayang apal naon sababna Mawar Hideung teu kaluar wae masing imahna diduruk ge !? Sedengkeun Mawar Hideung, nu matak manehna eureun, hayang nyaho kamana atawa kumaha nasib Nyi Ipah; lantaran Mawar Hideung apal ti sababara jelema nu panggih jeung manehna ciri2 hiji awewe nu nuju ka Markas Singa Barong, jeung bari dituturkeun teu pati jauh ku hiji pamuda cenah. Teu salah deui , eta pasti Nyi Ipah, da ciri2 nu disebut ku nu nyarita persis pisan. Nyi Ipah leuwih penting pikeun Mawar Hideung, katimbang masalah imah diduruk. “Eh Ki Silah ! gundalna Singa Barong ! Kamana Nyi Ipah murid Kaula !?” Eta pananya Mawar Hideung ka nu ngajega, nya eta Made Galiga. Hanca
