Episode 92 – Panutup

 

Rasiah kareta teh saenyanaa mah geus kapanggih ku Ki Rangga ;
nya eta ti guruna nu kadua Ki Gimbal; manehna saenyana loba kaanyahona; manehna
ngabejaan yen rasiahna aya di na rodana ; nya eta ruji2na nu dijieun ti na kai.
Enya we sanggeus ditaliti bari ditakolan; karasa aya nu beda sorana; barang
dicokot hiji juruji nu aneh golosor we aya lontar; di eta lontar disebutkeun
guha Slarong; tukangeun Monyet.


Manehna bingung teu ngarti ka na kecap2 nu disebut; tapi
manehna panasaran ; terus we ngadatangan guha selarong tea, patilasan Pangeran
Diponegoro; barang alak ilik leuwih taliti kapanggih aya batu nu ampir siga
monyet. 

Satukaangeunana aya hiji batu gede siga paragi diuk; ku manehna dicoba
digeser; enya we bisa kageser, saterusna manggih jiga hiji lombang nu barang ku
manehna diteang aya hiji peti ukiran; nu anehna sakitu lilana masih kaangseu
seungit kayu cendana; hartina eta kayu cendanaa teh pasti petingan; barang
dibuka manehna rada ngageter lantaran perhiasan emas inten, mani loba pisan.
Ieu paninggalaan Pn. Diponegoro, meureun keur neruskeun perjuangan. 

Manehna
laporan ka Adipati Mertalaya bari samuni samuni; supaya ulah guyur; ku manehna
dibagi dua; keur manehna sorangan jeung keur Ki Adipati.


Atuh Adipati Mertalaya bungah pisan; nya sabulan ti harita Ki
Rangga diangkat jadi Tumenggung; ngawasa khusus daerah nu can dibuka; dibikeun
keur Ki Rangga.
Hanca


Kirim email ke